Viral!! Kadahareun Sunda “ Klepon “ Dianggap Teu Islami – Wasunda

Ilustrasi Klepon. foto/istockphoto

Klepon atawa kelepon nyaéta kadaharan tradisional di Indonesia nu kaasup kana jajanan pasar. Ieu kadaharan dijieun tina tipung ketan bentukna kawas bal leutik jeung dieusian ku gula beureum sarta dikulub dina cai nu ngagolak. Klepon anu geus asak téh digulungkeun dina kalapa meunang marud nepi ka napel, jadi klepon téh katempo warnana nyurup jeung kalapa. Biasana klepon disimpen dina wadah nu dijieun tina daun cau. 

Teu lila ieu, sumebar isu ngeunaan kadaharan Kelepon nu dianggap salaku kadaharan nu teu islami sarta ngadadak ramé jadi piobroleun di sababaraha platform sosial média. Nepi poé salasa peuting (21/07/2020) kecap kelepon masih kénéh aya di posisi kahiji trending di sosial média Twitter.

Isu ieu didimitian ku ayana postingan di salah sahiji akun sosial média. Dina unggahana katénjo foto kelepon kalayan cutatan “Kue klepon tidak Islami. Yuk tinggalkan jajanan yang tidak islami dengan cara membeli jajanan islami, aneka kurma yang tersedia di toko syariah kami..Abu Ikhwan Aziz

Eta cutatan téh langsung di réspon ku akun Facebook Indonesia Hoaxes @TurnbackHoax.

“Ieu hal teu miboga dadasar anu kuat sarta dijieun ngan pikeun mancing kaributan di média sosail” cutatna.

Salah sahiji sumber nu ngabagikeun ieu foto kamari peuting nya éta akun Facebook Erwin Rabbani II (fb.com/ErwinRabbani2)

“Dumasar kana hasil panalusuran, ieu anggepan téh teu miboga dadasar anu kuat, sarta katitén dijieun ngan pikeun mancing kaributan di sosial média” cutatna.

“Sababaraha warganét malihan kungsi nalusur ngaran “Abu Ikhwan Aziz” nu aya dina cutatan foto kelepon. Sanggeus sababaraha kali ditéang ngaran éta teu bijil-bijil acan alias nihil” tegesna. 

Sanggeus disalusur deui timana jeung saha nu miboga éta foto kelepon, kapanggih yén saéstuna éta foto kelepon téh aslina mah foto nu dipiboga ku Pinot Dita nu saacana kungsi diunggah dina situs flicker.com tanggal 16 Désember 2008. Eta foto téh dilengkepan ku narasi “[Indonesian Food] Klepon – Sweet Rice Balls Stuffed with Coconut Sugar”. Hartina foto kelepon anu kiwari keur ramé jadi bahan piobroleun téh mangrupa foto meunang nyaneut ti batur sarta ditambahan narasi anu matak piomongeun di sosial média. 

Sajarah Kelepon

Leupas tina masalah nu keur ramé ngeunaan isu teu islamina kelepon. Kanyataana kelepon mangrupakeun salah sahiji produk kadaharan ni mindeng pisan di daftarkeun di LPPOM MUI ku sababaraha produsén pikeun meunangkeun sertifikat halal MUI. Salian ti éta, kelepon ogé sabenerna mangrupa kadaharan has Indonesia, hususna has Sunda nu pangdipikaresepna ku masarakat Indonesia. Teu saeutik jalma nu mikanyaho kana ieu kadaharan. 

Ieu kadaharan téh disebut klepon/kelepon ku urang Walanda. Ti saprak taun 1950-an, kelepon geus di wanohkeun ku imigran Indonésia ka Walanda sarta sadia di sababaraha réstoran Walanda, Cina jeung Indonesia sakumaha nu disebutkuen dina buku Indisch leven in Nederland (2006) karangan J. M. Meulenhoff.

Dikutip tina buku Taste Atlas,Kelepon téh mangrupa kadaharan nu asalna ti Jawa. Di Sumatra jeung di Malaysia, klepon disebut ogé ondé-ondé. Ari di Jawa nu disebut Onde-onde téh dijieun tina tipung béas nu dicampur adonan kacang héjo jeung siki wijen. Béda sesebutan antara urang Jawa jeung Sumatra-Malaysia téh mindeng ngabalukarkeun kasalahan jeung bingung kana ngaran ondé-ondé téh. Klepon téh ilahar dijual jeung getuk atawa cenil (cetil) keur lalawuh dina waktu isuk-isuk atawa pasosoré. Warna klepon biasana bodas atawa héjo gumantung kana rasana. Klepon nu warnana héjo kudu ditambahkeun pewarna tina daun suji atawa daun pandan.

Kiwari Kelepon geus jadi kadaharan anu dijual di toko-toko jeung supermarket di ampir kabéh kota di Indonésia. Malihan mah geus aya di sababaraha supermarket di luar nagara Indonésia. 

Penulis : Rizal Firdaus