Urang Sunda Boga “Akhlak” – Wasunda

Sumber ilustrasi : portaljabar.net

Sajarahna urang sunda boga undak-usuk basa dimimitian ti abad 17. Para ahli basa sunda sapamadegan, yén lahirna undak-usuk atanapi tatakrama  basa sunda téh dipangaruhan ku basa Jawa saprak tanah sunda (utamana Priangan) kaeréh ku Mataram dina abad ka-17. Éta hubungan antara Mataran jeung sunda téh nimbulkeun pangaruh kana budaya urang sunda. Lain undak-usuk basana wungkul tapi ogé dina widang kasenian, saperti tembang guguritan atawa pupuh.

Hartosna, dina abad ka 16 mah urang sunda henteu aya kecap unda-usuk basa sapertos anu ayeuna kuurang dianggo ayeuna. Éta tiasa dibuktikeun ku naskah-naskah Carita Parahiyangan atanapi Carita Ratu Pakuan anu diserta dina abad ka 16.

Hasil panalungtikan Coolsma ahli basa ti Walanda, aya 300 kecap lemes jeung 275 kecap kasar dina basa Sunda anu asalna tina basa Jawa. Contona waé kecap abot, anom, bobot, impén, lali, pungkur, sasih, jeung sajabana. Éta lamun di urang mah asup kana basa Sunda lemes tapi lamun dina basa Jawa mah éta téh basa kasar. Kitu deui aya kecap beja, bulan, datang, pindah, suku, tumpak, jeung sajabana. Lamun dina basa Sunda mah kasar, tapi dina basa Jawa mah lemes.

Tujuan utamana aya Undak-usuk basa ieu nyaéta dipaké keur ngahargaan kaom ménak wungkul, saenggeus taun 1945 undak-usuk dina basa Sunda ieu dipaké ka saha baé anu sakuduna dipihormat, saperti kasaluhurun, sabaya jeung kasahandapeun. Undak-usuk ieu nepi ayeuna geus jadi ajén-inajén tatakrama urang Sunda dina silih hormat jeung silih hargaan jeung anu lianna. Teu kitu wungkul, undak-usuk basa ieu geus jadi warisan budaya anu kudu dipaké ku urang dina kahirupan sapopoé.

Kecap undak-usuk basa kiwari atos digentos ku tatakrama basa. Ari tatakrama téh asalna tina dua kecap, nyaéta tata jeung krama. Tata hartina aturan, karma hartina anggah-ungguh atawa gerak. Janten upami dihijikeun, tatakrama téh ngawengku kana aturan dina anggah-ungguh atawa gerak dina anggota badan, sarta aturan dina omongan atawa basa anu digunakeuna.

Dilansir tina basasunda.com Tatakrama anu silih patalina jeung anggah-ungguh contona waé cara sasalaman, cara diuk (mun awéwé kudu diuk emok, jeng sajabana), awak kudu rengkuh lamun keur cumarita jeung jalma anu leuwih kolot, jeung sajabana. Sedengkeun tatakrama anu aya patalia sareng omongan atawa prak-prakan ngagunakeun basa, urang sunda tangtu miboga aturan nu husus, nyaéta aturan undak-usuk basa. Tatakrama basa aya nu disebut basa lemes jeung basa kasar, dina tahapana atawa luhur-handapna ajén basa anu dilarapkeun kudu saluyu jeung jalma anu diajak cumarita.

Ku halna éta, matak pantes lamun urang Sunda disebut salah sahiji suku anu soméah kasaha baé. Teu ningali timana asalna, naon budayana jeung agamana, kumaha basana jeung anu lianna. Sifat anu geus ngabudaya ieu ngabentuk kapribadian urang sunda anu leuwih unggul jeung beradab, kantenan saupamina urang Sunda bisa ngalarepkeun niléi jeung makna anu geus dijadikeun dasar kahirupan ku sepuh-sepuh urang sadaya.

Editor : Muhamad Hasanudin