Ulah Sagawayah Mèrè Ngaran Tempat! – Wasunda

Sumber ilustrasi: eliptika.wordpress.com.

Unggal daérah migaduh nami séwang-séwangan, nami ieu salaras jeung khasna kondisi alam, budaya atanapi kahirupan sosial masarakatna. Misalna Dayeuh Bandung, anu ayeuna janten puseur provinsi Jawa Barat. Tangtu para karuhun urang waktu harita teu sagawayah masihan nami hiji tempat, malah mah langkung diperhatoskeun daripada zaman kiwari mah. Salianti mantes diucap sareng didangu, ngaran hiji tempat kudu ngagaduhan makna. Teu tiasa sakahoyongna.

Bandung awalna tina cekungan anu gedé, diantarana Kota Bandung, Kabupatén Bandung, Cimahi, sareng Kabupatén Bandung Barat. T. Bachtiar salaku anggota Masarakat Géografi Nasional Indonésia sareng kelompok Risét cekungan Bandung ngajelaskeun perkara toponimi di cekungan  Bandung. 

Kang Bachtiar ngabéwarakeun sajarah alam cekungan Bandung ieu tos kabentuk langkung ti 10.000 dugi 27 juta taun kapungkur. Bentukna kabagi janten opat jenis, nyaéta laut purba, gunung api purba, gunung api aktif sareng danau purba anu artefakna kasebar di sakurilingna Bandung. Matakna teu anéh saupami Bandung karasa hejo jeung sejuk tibatan dayeuh-dayeuh anu lainna di Indonésia.

“awalna cekungan Bandung karasa tiis sareng héjo, matakna warna héjo sareng warna biru di kawasan Jawa Barat osok patukeur sabab saking ku mineng pisan katénjona. Simul-simul daérahna ogé pasti aya warna héjo sareng biru. Saupami di talungtik tina psikologi warna, warna anu paling akrab sareng masarakat Jawa Barat nyaéta héjo sareng biru.” Saur Kang Bachtiar salaku ahli géografi.

Kedap bandung awalna tina kajadian alam, kaakraban manusa jeung alamna, dugi ka ahirna ngajantenkeun nami-nami anu anyar. Kecap bandung awalna tina gunung api purba anu bitu, disawang bituna sarupa jeung bituna Gunung Tambora. Gunung api purba ieu muntahkeun eusi bumi dugi ka lahar jeung sajabina ngabendung sakaligus ngajantenkeun dano anu ageung pisan.

Dina hiji mangsa dano purba ieu bobol. Ti belah wétan bobolna di curug Jompong sedengkeun ti kulon di Cukangrahong. Kajadian ieu ngabutuhkeun waktu anu lila pisan, lain itungan poé tapi mangtaun-taun anu ahirna janten cekungan bandung.

Matak teu anéh lamun toponimi dicekungan bandung ieu sok aya pakuat-pakait jeung cai, dano, teluk, lengkong, bojong, beber, ranca, situ sareng anu sanésna. Atawa ogé jeung ngarang tatangkalan.

Sapertos anu tos disanggakeun dipayun, yén karuhun urang sadaya masihan tempat teu asal-asalan. Saur élmu toponomi, ngaran hiji tempat dipangaruhan ku asal-usul daérahna anu ngaruh pisan kana mitigasi bancana kanggé masarakatna sabab masarakat apal kana karakter lemburna sorangan.

Hanjakal sarébu hanjakal, kiwari pamaréntah sok sakahayang manéh lamun ngaganti ngaran daérah. Teu ningali kana unsur sajarah jeung karakter dina hiji tempat, leuwih mentingkeun program daripada niléi sajarah dina hiji tempatna. Matakna lebar saumpama hiji daérah ngaranna diganti pédah hayang kadangu modérn wungkul.

Editor : Muhamad Hasanudin