Ucing Kawin.. – Wasunda

Sumber: inspiradata.com

Isuk-isuk sabalik ngaronda geus jadi kabiasaan si Kabayan langsung saré, ngaganti jatah saré anu tadi peuting kapaling pédah kudu ngajaga lembur. Karék ogé reup, si Kabayan kahudangkeun ku sora ucing anu ngaméong tarik.

“euuuh, ucing saha atuhnya!” ceuk si Kabayan anu kapaksa hudang. Niatna rék ngagebah éta ucing sangkan ingkah ti imahna.

“gandéng!” si Kabayan ngabentak ucing anu keur pahareup-hareup silih pelong jeung silih hereng. “teu nyaho kuring keur nguenah saré? Hah?”

Jep éta ucing jempé. Si Kabayan diuk, sila sabari nyinghareupan eta ucing anu teu leupas tina jaga-jagana, kabéh papelong-pelong.

“yeuh, coba bayangkeun ku maranéh, kuring karék ngalenyep saré, der maranéh kalah datang kaimah kuring. Lamun dék nyémah sok nyémah sing sopan, lamun dék ngadon paséa, tuh di lapang persib, méh lega. Bisi kudu dijajap ka stadion, kuring siap ngajajap. Ngké tapina, soré heueuh!” si Kabayan gogodeg, aral.

“coba geura lamun maranéh jadi kuring. Ripuuh deuleu! Kudu ngaronda, kudu kasawah, kudu mantuan pamajikan gégéroh, kudu mayar pajak. Geus kitu ger kudu paséa jeung maranéh, ah lieur aing mah. Yeuh, mun kudu di omongkeun mah capéé kuring téh cing, capéé!” si Kabayan nyarita bari nepak dadana. Rénghapna rénghap ranjug, ngabuktikeun ka ucing yén manéhna bener capé.

“yeuh cing, déngékeun ku maranéh kabéh. Lamun kudu jujur mah hayang pisan kuring jadi ucing siga maranéh. Saré bisa sangeunahna, teu kudu ripuh ngagarap sawah, komo mayar pajak mah. Pagawéan ngan ukur saré, dahar, modol, ulin, saré, dahar, modol ulin. Kitu wé tuluy nepi ka paéh.”

Ucing anu hiji ngahereng deui, ditémbal ku ucing hiji deui, anu ahirna éta ucing silih hereng deui siga anu keur ngobrol patembal-tembal.

“héh, ucing. Inget, nyebut ieuh nyebut!”ceuk si Kabayan anu reuwas sabab ngaherengna beuki tarik.

“Astagfirulloh haladiiim, sok tuturkrun kuring.”

Si ucing duanana tetep ngahereng tarik. Kitu ogé si Kabayan anu tuluy maca istigfar beuki remen.

“nanaonan ari ilaing, Kabayan?” Nyi Iteung nangtung digigireun panto anu kumanéhna dibuka. “éra deuleu ku tatangga, tingali menika ronghok kitu dina kaca.”

Si Kabayan ngarérét kana palebah kaca, sing horéng bener wé tatanga geus ronghok neuleukeuman kaca imahna.

Pok nyi Iteung nyarita ka masarakat. “akang euceu jeung barudak, hapunten. Akang Kabayan teu kunanaon, nembe atos di cék ku abi. Saurna, kang kabayan nuju diajar bahasa ucing. Langsung guguruna ogé ka ucing. Héhé… pinter si akang mah.” Ceuk nyi Iteung sabari ngélémés seuri.

Diberé caritaan kitu masarakat ngabubarkeun sorangan, ngan dina pikiranna masih aya ka panasaran. Kitu ogé si ucing, duanana kabur ka arah dapur, ningalkeun si kabayan maca istigfar sorangan.

“ieuh.” Nyi Iteung nepak punuk si Kabayan anu keur sila. “teu ngarti deui kuring mah. Nanaonan ari ilaing jeung maké ngawangkong jeung ucing sagala? Éra atuh kabayan. Tatangga nepi ka ronghok lalajo manéh diajar bahasa ucing. Ah, geus gélo sugan mah.”

Si Kabayan cengkat tuluy lempang ka dapur, nuturkeun ucing.

“astagfirullooh, tobaat gustiii…” si kabayan ngagorowok “iteung, tingali si ucing kalah baleger didieu.” Ceuk si kabayan bari gogodeg.

“teuing ah! nyaho ucing téh keur kasmaran, kalah diajak ngobrol. Geus atuh kabayan ulah diganggu, karunya.”

“ééh, lain karunya-karunya Iteung. Kuring teu rido imah kuring di jadikeun tempat maksiat ku ieu ucing, doraka deuleu. Manéh daék ditakon gara-gara ngampihan ucing maksiat? Hoream kuring mah.”

“leuwih hoream nyarita jeung ilaing, Kabayan!” Tembal nyi Iteung sabari ngaleos ka cai nuluykeun gegerohna.

Editor : Muhamad Hasanudin