Sunda Lain Saukur Basa, Tapi Jati Diri Jeung Rasa, Birahi Jeung Wirahmana! – Wasunda

Foto : WordPress

Diajar Sunda, lain saukur diajar ngeunaan Basa. Kumaha carana urang jadi urang sunda nu bener-bener nyunda. Ayeuna seueur urang sunda nu geus kapangaruhan ku budaya deungeun, lain ulah, teu nanaon, ngan nanaonan pami saur Ustadz Evie Effendi mah. Teras, urang tiasa diajar Sunda lain saukur basa ti mana? Hayu urang diajar ngeunaan Sunda Wiwitan!

Dumasar ti situs Wikipedia. Sunda Wiwitan nyaéta hiji kepercayaan pamujaan ka kakuatan alam sareng arwah leluhur (animism dinamisme) nu dianut ku masyarakat tradisional Sunda. Aya ogé nu gaduh pandangan yén SUnda Wiwitan téh gaduh unsur monoteisme purba, nyaéta di luhur para dewata sareng hyang di pantheon-na migaduh dewa tunggal pangluhurna nu teu katingal nu disebut Sang Hyang Kersa nu di samikeun sareng Gusti Nu Maha Hiji.

Nu nganut ka kepercayaan ieu téh urang tiasa mendakan di sababaraha hiji di daérah Banten sareng Jawa Barat. Diantawisna di Kanékés, Lebak, Banten; Ciptagelar Kasepuhan Banten Kidul, Cisolok, Sukabumi; Kampung Naga; Cirebon, Cireundeu, Cimahi; sareng Cigugur, Kuningan. Saur panganutna, Sunda Wiwitan mangrupakeun kapercayaan nu dianut sateuacan dongkapna Hindu sareng Islam

Ngeunaan kitab, Sunda Wiwitan gaduh kitab nu disebat kitab Sanghyang Siksakanda ng Karesian, hiji kitab nu asalna ti jaman karajaan Sunda nu eusina ngeunaan ajaran agama sareng tuntunan moral, aturan ajaran sareng budi atanapi perbawa. Kitab ieu disebat Kropak 630 ku Perpustakaan Nasional Indonesia. Dumasar ti katerangan kokolot kampong Cikeusik, orang Kanékés sanés penganut Hindu atawa Budha, tapi panganut anisme, nyaéta kapercayaan nu muja arwah kokolot baheula atawa karuhun. Mung di perkembanganna kapercayaan urang Kanékés tos dilebetan unsur-unsur ajaran Hindu dugi ka batas nu tos ditangtoskeun ajaran Islam. Intina, hayu urang saling diajar ngeunaan sadaya élmu. Margi élmu mah teu aya nu percuma, soal kapercayaan, balik deui ka jalmina masing-masing.