Sumpah, Ieu Carita Horror! – Wasunda

Ilustrasi: Shutterstock

Ngarenung, bosen, nyanghareupan alam nu jalang. Sorangan, bingung, kuring ngan bisa ngobrol jeung angin nu ngaliwat unggal peuting.  Halodo, tiris, hujan, panas, rasa ieu geus jiga kaku nu terus ngalawan arus. Kajebak di kamunafikan insan. Ieu urang ngobrol jeung saha?

Dina kompromi Sunda Empire jeung para jajaran para suporter garis keras belah kanan, kabéhanana moal jadi nyambung. Jihad nu profan jadi nu kudu dilawan, ieu senjata aing poé ieu. Dina komunikasi nu standar, ngobrol jeung nu ngaku-ngaku hébat, ngabulatuk jiga nu pangebenerna.

Ayeuna, senjata urang ngan saukur déhidrasi, déhidrasi komunikatif nu ngan saukur kajebak dina kaskus jeung kasus sélébgram. Ieu aing kajebak dina jihad profan, ngagorowok ngaran Anjeun satarik-tarikna!

Terus nalika maranéhna nanya, “Naon tujuan manéh?”

Urang ngajawab “Negakkeun kaadilan!”

Tapi da bener-bener bingung aing téh, negakkeun kaadilan naon? Negakkeun kaadilan sosial pikeun sakabéh tiran? Terus naon nu ku urang perjuangkeun téh? Sia-sia wéh meureun? Jiga nginum kopi dicampur obat batuk, ngubur hirup-hirup.

Urang téh merjuangkeun naon? Atau ngan saukur dibobodo ku partai gambar bintang jeung sabit? Atawa jadi bagéan ti kesatuan aksi mahasiswa kiri jeung kanan? Bingung pisan urang téh, na stratégi naon nu keur manéh jieun ayeuna? Nepi ka urang haus kieu kudu merjuangkeun kamunafikan.

Harta nu saukur kabeuli motor békjul turun mesin, jadi cecekelan perjuangan ayeuna. Dibibita ku masa depan nu cerah jeung maranéhna. Diuk di korsi panas nu bener-bener panas, nu bisa nyieun tunduh unggal paripurna jeung panuju ka omnibus law.

Naha sih, urang téh teu sadar. Urang loba teuing ngaréméhkeun Friedrich Nietzche nu ngomong “Tuhan Sudah Mati” padahal manéhna nu geus maot. Urang loba teuing nyeungseurikeun kahirupan absurdisna Albert Camus nu geningan keur dilakonan ku pamaréntah poé ieu.

Sumpah, ieu carita horror. Bener-bener horror, lain ku jurig kunti atawa kalong wéwé. Tapi ku jurig jalanan nu ayeuna aya di unggal sisi kota, jalan, malahan mah nepi ka désa-désa. Jurig nu jelas katénjo awakna. Tapi urang sieun disiksa ku barudakna.