Si Kabayan Ngaronda. – Wasunda

Nyi iteung geus tarapti nyeuseuh, ngepel, masak jeung mahanan Si Ardi sakola.

“Kabayan, hudang! Panon poé geus nyingrai, manéh masih waé saré.” Ceuk Nyi Iteung sabari metot simut anu keur dipaké ku si Kabayan.

Si Kabayan masih ngarasa tunduh, manéhna ngaréngkol deui horéam hudang.

“Astagfirullooh, Gustiii… nahanya beut kieu-kieu teuing abdi gaduh carogé téh? Henteu sapertos waktos bobogohan, kapungkur mah sumanget jeung sigap neangan rezeki téh. Emh, Gusti upami kieu tuluy mah mening di maotkeun wé carogé abdi téh, insyaalloh rido.”

“hus! Iteung ari manéh nyarita téh sok kamana karep!” tembal si Kabayan anu langsung ngoréjat hudang.

“da enya atuh. Tingali panon poé geus moncorong, geus beurang ieu téh Kabayan, geus waktuna nyiar rezeki. Dék nepi jam sabaraha manéh ngalumuk na kasur?”

“cik sing ngarti atuh Iteung.” Ceuk si Kabayan bari ngagoléhé deui dina kasur. “nyaho salaki téh tunuh kénéh, pulang balik ngaronda.”

“naon? Kawas anu teu nyaho wae manéh nanaonan peuting. Kuring nyaho tadi peuting manéh ngadon gapléh jeung si Jang Rustam, si Omid, mang Alam jeung anu lainna. Lain éta wungkul, jam dua janari manéh anu inisiatip ngajak si Jang Rustam jeung mang Alam maling sampeu di pipir imah mang Ilun…”

Si Kabayan ngoréjat hudang sabari ngabekem baham Nyi Iteung anu can bérés nyarita.

“heup iteung, heup! Ulah tarik teuing nyarita téh, bisi aya anu ngadéngé. Manéh hayang kena kasus pencemaran nama baik? Teu sopan ka salaki mitnah maling sampeu. Éra deuleu.”

“ah!” Nyi Iteung ngabedol leungeun si Kabayan tina bahamna. Tuluy nyarita, “akang Kabayan anu kasép, saupami atos mubuy sampeu téh teras wawasuh nganggé cai sareng sabun. Kumargi éta panangan téh bau lebu!” Nyi Iteung nangtung. “hudang, gera sibeungeut kadituh!” titah Nyi Iteung anu nunyuk ka lawang panto kamar.

Si Kabayan anu masih lulungu, atuh kapaksa hudang tuluy nyingkah ti kamar anu édék di bérésan ku Nyi Iteung.

***

“Gusti anu maha Aguuung. Lamun mah aya no telepon malaikat Izroil ku kuring dék di titah ka imah da. Kabayan, hudang! Kalah ngadon saré dina korsi gera.”

Si Kabayan diuk sabari gagaro sirah.

“naon deui atuh Iteung? Nyaho kuring téh tunuh, hayoh wé diganggu.”

“hudang! Lamun aya sémah kumaha? Éra deuleu.”

“naha bet kudu ribut? Sina nungguan wé diluar nepi ka kuring hudang. Sémah mah bersukur di ampihan di téras imah ogé.”

“ Tah, tah. Nu kieu jelema nu teu ngarasaan bangku sakola téh. Kapanan aya paribasana ogé,  yén sémah téh ibarat raja. Piraku raja dititah nungguan diluar.”

“atuh lamun raja na embungeun mah nungguan diluar mah, naha teu nitah prajurit? Ceuk kasarna prajurit mah deuk diampihan atawa moal ge teu jadi masalah.” Jawab si kabayan.

“Emh, leres saur batur capé nyarita sareng jalmi anu kirang élmu mah. Yeuh kabayan, éta teh paribasa. Ari paribasa téh kalimat anu ngandung harti. Ah, éta pokonamah. Percumah moal ngarti dijelaskeun oge!” Nyi Iteung jamedud, ngarasa aral nyanghareupan kalakuan si Kabayan.

“Heeuh ari nyaho mah, geus we maké bahasa sapopoé ulah gagayaan maké paribasa sagala.”

“ah, Gandéng!” nyi Iteung nyamber ucapan si Kabayan.  “kumaha ngaronda téh beubeunangan teu?” ceuk Nyi Iteung sabari jamedud.

“teu apaleun, yeuh Iteung, salila salaki manéh anu ngaronda mah kabéh salembur aman tur tengtrem. Pokona lembur ieu karasa pisan gemah  ripah lohjinawi.”

“emh, gemah ripah timana horéng? Anu aya ge gemah ripuh manéh ngaronda mah.”

“buktina lamun kuirng anu ngaronda lembur aman. Eweuh anu maling motor, duit, emas jeung sajabana jiga harita.”

Nyi Iteung nyingkilkeun baju. “heueuh, ngan sampeu tilu dapur, hayam dua jeung cau wé saturuy leungit dipaling anu ngaronda.”

“eh, atuh éta mah béda deui néng.” Témbal si Kabayan mélaan sorangan.

“dimana-mana  gé anu ngala teu bébéja ngarana maling. Nyokot teu bébéja sarua maling.”

“néng akang téh lapar, wajar lamun akang ngarabut sampeu mang Ilun. Bari na gé teu sapira atuh kur ngarabut sampeu tilu dapur mah, daripada ngarabut duit APBN jeung APBD? Pan rieut mun ngarabut jiga kitu mah.”

“geus ah, teu ngarti ngobrol jeung manéh mah Kabayan.” Tembal Nyi Iteung sabari ngaléos kaluar imah.

Teu lila tidinya, datang Abah Rumhi mitohana si Kabayan.

“sampurasuuun! Nyi… nyi… nyi Iteung!” ceuk Abah Rumhi ti luar imah sabari gegedor panto. Sakali-kali si abah neuleukeuman kaca noong kaayaan jero imah.

“ckrek, ngeeeek.” Sora panto anu dibuka ku si abah. “Innalilahi wainnailaihi rojiuuun… parantos mulih jang Kabayan putrana Aki Juma.”

Si Kabayan lilir sabari ngomong sorangan.

“duh ieu aya naon deui aki-aki.” Gereneng si Kabayan. “aya naon abah, Kabayan masih aya didieu.” Tembal si Kabayan rada ngagerem.

“heueuh sukur atuh. Gera hudang jang, gera usaha kaditu. Geus beurang ieu téh, jam dalapan.” Si abah diuk némbér dina korsi anu keur disarean ku si Kabayan.

“tunuh bah pulang ngaronda.” Témbal si Kabayan.

“hudang jang, tuluy beberesih méh seger. Éta awak meni kot bau hapeuk!”

“sakedap deuinya bah.” Tembal si Kabayan anu katingalina tunduh pisan.

“éeh teu meunang kitu Kabayan, geus beurang. Gera ngaprak néangan rezeki. Ieu mah éléh ku hayam.” Ceuk abah Rumhi sabari ngoyag-ngoyag suku si Kabayan. “buru, rezekina bisi kaburu dipacok hayam. Kabayan?”

“kulan bah. Bah punten ka Nyi Iteung pang gebahkeun hayamna, engke pami abi tos gugah rezekina dicandak.” Ceuk si Kabayan sabari les saré ngajajap ngimpina.

“eh, aya abah gening.” ceuk nyi Iteung anu kara balik ti warung. Nyi Iteung sasalaman jeung abah Rumhi. “abah atos lami?”

“ah, kara datang abah gé.”

“abah ngalih atuh didieu, na karpét. Heurin dina korsi mah. Kang Kabayan nembé uih ngaronda, hawatos tunduheun panginten.”

Nyi Iteung ngagelar karpét di teras, hareupeun tipi.

“Nyi saur si Kabayan, pang ngagebahkeun hayam cenah, lebar bisi rezekina di pacok ku hayam. Engké lamun geus hudang dék di téang.”

Ngadéngé carita kitu, Nyi Iteung nyingkilkeun baju tuluy datang nyampeurkeun si Kabayan anu keur nikmatna saré.

“dasar jelema burung!” ceuk nyi Iteung sabari nyintreuk ceuli si Kabayan. Si Kabayan seuri sabari tuluy saré nepi ka tibra.

Editor : Muhamad Hasanudin