Si Kabayan Mulih ti Dayeuh – Wasunda

Ilustrasi : facebook @kabayanmilenial

Humor – Poé kamari Si Kabayan balik ti dayeuh, ngajajap Kang Rustam ngalayad mitohana anu keur gering. Meureun kur sorangan di lembur ieu anu boga pamajikan ka urang dayeuh, nyaéta Kang Rustam pédah manéhna waktu keur ngora sok indit-inditan, leuwih cocokna mah gawé di dayeuh. Pinterna Kang Rustam téh didinya, indit lengoh balik rébo. Rébo ku babandaan jeung ku pamajikan.

“naha, teu lila gening euy di dayeuh téh?” pok si mang RT.

“ah jang naon atuh bet lila-lila teuing, imah batur nyao itu téh.” Pok Si Kabayan.

“cik kadieu atuh ampih heula kana téras imah, Kabayan. Hayang ngasaan oléh-oléh dayeuh, euy.” Ceuk ceu Mimin.

Kabeneran di imah Ceu Mimin keur ngaliud sababaraha jelema, aya mang RT, jang Dana, si Jilun, Mang Ohan, Ceu Iti jeung Néng Sari. Acan pati loba jalma, biasana lamun geus nepi wanci soré rayat sok ngumpul nararongkrong sabari silih élédan.

“alah, naha bugis? Piraku atuh oléh-oléh dayeuh bugis? Asa ku teu nyeni.” Pok Ceu Mimin, sabari muda deui kérésék anu lianna tina jero dus.

“mana? Cik melong?” si Mang RT pipilueun.

“tuh, ranginang, opak jeung wajit.” Ceu Mimin mikeun kérésék warna hideung ka mang RT. “atuh anu kieu mah kadaharan urang lembur, Kabayan. Teu kudu jig-jig ka dayeuh hayang kadaharan anu kieu mah, atuh minimalna burgerlah balik ti dayeuh mah.”

Batur saleuseurian.

“euh, tah ieu hasil tina jajahan urang deungeun téh. Geus bahaya lamun kieu, urang lembur geus teu ngahargaan budaya sorangan.” Témbal Si Kabayan anu nahan ambek titadi.

“naon urusanna jeung budaya?”

“kadaharan ogé kaasup kana budaya ceu, hasil tina kabudayaan téa. Malah kadang-kadang kadaharan téh dijadikeun ukuran keur meunteun budaya di hiji bangsa, hadé atawa goréng. Buktina bieu eceu ngabayangkeun burger, hartina euceu meunten kadaharan burger leuwih hadé tibatan bugis, wajit jeung sabangsana. Emh, palaur da kuring mah. Tunguan sapuluh taun deui wé gera, barudak ngora geus moal wawuh kana kadaharan Sunda, bet kolotna ogé méré niléi goréng kana kadaharan urang mah.”

“lain kitu, pédah wé euceu mah can pernah nyobaan kadaharan urang deungeun. Panasaran wungkul.”

“tong boro euceu, kuring gé can pernah ceu. Najan kieu-kieu ogé, kadaharan urang mah leuwih séhat batan kadaharan urang deungeun. Malah mah bisa dijieun ubar, contona bandrék, ranginang, peuyeum, jeung nu lainna. Dijieun tina bahan anu alami teu maké bahan pangawét anu matak ngaruksak kana kasihatan jalma anu ngadaharna.” Ceuk Si Kabayan, nyacapkeun kakeuheulna.

“heueuh, bener. Sabenerna urang kudu éra ku karuhun anu geus nyiptakeun kadaharan anu séhat tur nyéhatkeun. Apal sorangan, mun urang meuli burger, stik, pizza jeung nu lainna eukeurmah hargana mahal, rasana ogé can tangtu padu jeung létah urang. Mun geus kitu der nyeri beuteung, kudu ka puskésmas. Ah, mun di itung-itung sabaraha duit tah, gara-gara ngadahar kadaharan urang deungeun?” ceuk Mang RT, bijak. Anu lainna kur ngadéngékeun sabari ungleuk-ungleukan.

“ku jaman kiwari mah éksisténsi kadaharan Sunda geus teu ahéng saperti baheula, jeung deui ku urang-urang kénéh deuih teu dipiara jeung budayakeun deui na téh. Satuju kuring mah lamun kadaharan téh bagéan tina budaya urang ogé.” Mang Ilun ngilu némbal.

Domba lamun diabur bisa lintuh, tapi lamun dahareun diabur jadi béak. Kadaharan anu tadi teu padti diperhatikeun, sanggeus si Kabayan indit mah angger wé béak sakotéap.

Cag.

Editor : Aldy Alfiandi