Savespa Sabaraya – Wasunda

Sumber Potrét: Facebook (Boedakbageur Dua Opat)

Lamun urang anyaran boga Vespa, boh Vespa kiwari (matik) boh Vespa bihari (klasik), ulah reuwas lamun di jalan aya jelema nu maké Vespa ogé jol ngagupayan, aya nu ujug-ujug ngajak seuri, atawa jol aya nu nanya ka urang. Padahal teu kenal, wawuh gé henteu. Tapi Éta hal téh mangrupa adat anu geus lila lumangsungna nepi ka jadi budaya keur Budak Vespa (jujuluk saha-saha waé nu maké Vespa di Tanah Sunda).

Kaonjoyan di lemah cai urang, maké Vespa téh  lain saukur dibubungah ku soméahna budak Vespa hungkul. Lamun Vespa urang (hususna Vespa bihari) ririwit nepi ka mogok, bakal aya waé budak Vespa anu nyampeurkeun, tuluy langsung mantuan ngoprék Vespa urang. Kurang leuwih kitu cara duduluranana budak Vespa téh. Nilik kana budayana, aya sababaraha adat budak Vespa anu nyunda nya éta:

1. Sabilulungan

Budak Vespa sok sabilulungan. Hal anu patali pisan jeung urang Sunda anu resep paheuyeuk-heuyeuk leungeun  dina migawé hiji hal sangkan leuwih gampang jeung hasilna leuwih nyugemakeun.

2. Silih Tulungan

Budak Vespa sok pabantu-bantu lamun aya Vespa nu mogok. Hal anu sarua jeung urang Sunda nu sok nulung kanu butuh nalang kanu susah.

3. Silih Hargaan

Rupa-rupa tipe Vespa, jeung béda-béda asal jelemana, henteu jadi masalah jeung alesan keur guyub. Éta lantaran budak Vespa Silih hargaan dina nyanghareupan bébédaan. Tujuanna nya éta sangkan taya anu ngarasa raheut manah ku kalakuan atawa ucapan anu dilakukeun. Ieu hal luyu jeung urang Sunda nu hadé gogog hadé tagog silih hargaan jeung nu lian.

4. Kakulawargaan

“Satu Vespa Sejuta Saudara” jadi silokaning hirupna budak Vespa. Maksudna, budak Vespa ti mana jeung dimana waé, rék jelema boga atawa teu boga, rék awéwé rék lalaki, rék budak rék kolot asal maké Vespa éta dianggap dulur. Éta hal sarua pisan jeung urang Sunda anu midulur boh jeung nu sagetih boh jeung deungeun-deungeun.

5. Sauyunan

Budak Vespa mindeng touring, malah mah aya nu dijadwalkeun sabulan sakali atawa sataun sakali. Babarengan numpak Vespa, aya nu kaluar kota, aya ogé anu nepi ka meuntas pulow. Waragadna, boh urusan dahar boh bengsin, kadang aya anu sok silih udunan. Éta kagiatan téh ngagambarkeun prinsip babarengan sakumaha urang Sunda dina hirup kumbuhna sapapait samamanis sabagja, sacilaka, sauyunan, boh keur senang boh keur cilaka.

Tah kitu kaunikan, kaonjoyan budaya Vespa di Indonesia, can karuhan di luar nagari mah aya silih tulungan lamun mogok.  Béda tempat, béda adat, béda carana. Matak sing reueus jadi urang Indonesia anu hirup di alam Sunda nu kénéh resep gotong royong, silih bantu pasokong-sokong.