Satia Ngantosan Kang Mustofa – Wasunda

Sumber ilustrasi : Phinemo.com

Layung warna kayas nyacas tibelah kulon, mega nyebar molés langit lir ibarat lukisan. Sabiasana barudak laleutik ting garajleng raéng keur ulin gobag atawa galah sodor diburuan imah Kang Toha. Barudak pamudana nyarongclo dina luhur pasir sabari nénjo panon poé anu bakal surup, sawaréhna deui riweuh ku ngacung-ngacungkeun hapé pédah kakurangan sinyal. 

“kumaha dinya, sinyal aman teu dul?” si Ukin ngagorowok tina tangkal cengkéh.

“acan euy, can mangih posisi anu hadé sigana. Biasana alus didieu téh numatak.” Témbalna Indra sabari terus ngacung-ngacungkeun hapé.

Mustofa, Jamil jeung Deden diuk ngajajar dipipir pasir sabari nénjo laut anu warnana rubah jadi konéng ka kayas-kayasan. Aya anu diuk sila, aya anu nengkeup harigu. Aya anu hahariringan, aya anu jempé ngalamunan jalan kahirupan. 

“enggeus kedieu wé turun lur, baé pohoeun meureun.” Jamil nyauran Ukin sareng Indra sangkan turun tina tangkalna.

“asa jauh pisan lur lamun si Ita nepi ka poho mah, sabab tadi anu ngabéjaan ngumpul didieu ka kuring pan manéhna.” Mustofa ngabéla.

“heueuh sarua.” témbal Deden.

“kumaha dulur, geus siap nyinghareupan kahirupan anu asli?” Indra nanya sabari diuk digigireun Mustofa. 

“teu karasa geus 15 taun babarengan, ti umur tilu taun nepi ayeuna urang saréréa lulus SMA. Teu kudu ditanya, kuring pasti jelema anu paling loba dosana…”

“urang satuju.” Deden motong ucapan ukin anu can parat. 

“kéla atuh dén, serius ieu mah.” Mustofa ngabéla. Ukin nuluykeun ucapanna.

“intina, urang hayang ménta hampura saacan urang indit ka Surabaya isuk. Urang bangga pisan boga dulur siga maranéh.” Ukim cirambay, dina pikirana ngolébat bayangan ti waktu ka waktu.

“sarua komo, keur mah dosa kamaranéh téh loba ditambah hutang deuih anu can bisa kabayar ayeuna-ayeuna. Ké sugan lamun kuirng geus gawé ku kuirng pasti bakal dibayar.” Ceuk Jamil ngabéwara.

“bener lur, dosa mah bisa punah ku dihampura. Sedengkeun hutang mah teu bisa.” Ceuk nu lain némbal.

Mustofa ngalamun, neteup laut anu jauh. Pikirana teuleum kana lamunan anu teu bisa diatur kupikiranna sorangan. Aya rasa anu kudu ditepikeun ka hiji jalma saacan manéhna indit ka Surabaya isuk. 

Panon poé geus dék surup, anu lain geus mamaksa ngajak balik tapi manéhna keukeuh nolak. Poé geus maju ka peuting, caangna béntang anu baranang di langit geus katempo. Bulan anu ngagantung maturan béntang nyadarkeun yén aya janji anu moal bisa ditedunan ku Ita. Dina jero Haté, aya rasa keuheul jeung hanjakal. Keuheul sabab Ita teu bisa nedunan janji, yén manéhna rék nepungan di ieu tempat. hanjakalna sabab geus leuwih ti lima taun manéhna resep, tapi teu kungsi katepikeun.

Isukna saenggeus pamit jeung Indra, Jamil jeung Dédén, lengkah anu ragu jeung pikiran anu miharep Ita datang, némbongan sanajan sakolébat. Tapi lamunan jeung kanyataan, nyatana teu sarua. 

Dina kareta api, Mustofa ngalamun sabari nenjo kebon jagong anu lega disisi jalan. 

”lur, aya titipan.” Ukin ngaluarkeun amplop tina kantong soréndangna. “kuring ka wc heula.” Ukin lempang sabari cirambay na socana. Ngabayangkeun jeung ngarasakeun kumaha rasana lamun manéhna jadi Mustofa.

Amplop anu eusina surat kumanéhna dibuka.

“kang Ofa, hapunten abdi teu tiasa dongkap soré tadi. Fisik abdi lemah saupami kedah ngadangu kecap papisah, kantenan sareng akang. Jalmi anu kalintang nyaahna ka abdi, sapertos ka rai nyalira.” 

“kang Ofa ngan hiji-hijina jalmi anu béla sareng bageurna ka abdi. Kang Ofa teu pernah robih, ngabuktoskeun yén akang jalmi anu bageur pisan. Ayeuna akang angkat ka Surabaya, ngalajengkeun sakola kanu leuwih luhur mugia akang kéngéng élmu sareng pangarti sapertos anu ku akang dipikahoyong. Sareng mugia akang tiasa janten jalmi anu suksés, nanjeur tur bageurna henteu robah.” 

“doa abdi kanggé akang moal luntur tina gerentes haté ieu kang. Nami akang bakal terus disebut kanggé ngaping sareng maturan dimana akang nuju teu damang atanapi nuju rieut ku urusan sakola. Akan teu kedah mikiran abdi, abdi bakal ngantosan akang.”

“sukses kanggé akang.”

Cai soca nandakeun kabungah, murudul mapai pipi kenca jeung katuhu. Na haté ofa aya sumanget jeung kapercayaan anu kudu dijaga, aya jalma anu kudu diperjuangkeun salila manéhna kuliah di Surabaya.

Editor : Muhamad Hasanudin