Salah Lamun Ngangap Angklung Saukur Alat Musik – Wasunda

Sumber: stressefect.com

Naon anu aya dina pikiran urang sadaya lamun ngadangu kecap “angklung”? pasti aya anu ngajawab Jawa Barat, Sunda, alat musik, awi jeung sajabana. Ngan hanjakal, sing horéng angklung téh lain ngan saukur jadi alat tradisional urang sunda, tapi lamun urang sadayana daék neuleukeuman naon makna filosofi anu aya dina jero angklung tangtu urang sadaya bakal beuki bangga jadi urang sunda.

Bulan maret taun 2010 nagara Malaysia kungsi ngaku yén angklung ieu téh alat musik tradisional anu asalna ti nagara Malaysia. Dilansir tina laman www.musicmall_asia.com ngajelaskeun réhna angklung ieu tempatna aya di Kota Johor anu osok jadi pangiring lamun kagiatan kasenian kuda kepang dipintonkeun. Untung pamaréntah Indonesia waktu harita langsung maténkeun yén angklung ieu warisan budaya sunda ka Unesco, anu ayeuna dijieun gambar dina duit kepingan Rp. 1000.

Perhatian para seniman sunda, khusus anu fokus dina alat musik angklung ieu geus mawa angklung jarambah ka nagara sebrang. Loba pisan seniman anu ngajadikeun angklung ieu dikenal ku masarakat internasional.

Kang Asep Suhanda salaku praktisi alat musik angklung ngajelaskeun, angklung ieu lahir ditatar sunda anu miboga makna filosofi jang kahirupan urang sunda.

“coba perhatikeun ku urang. Tabung angklung ieu pasti dipasang saarah, aya tabung anu leutik jeung aya tabung adu ageung. Pas waktu di paénkeun panangan urang kedah ngoyagkeun angklung tipalebah anu tabungna ageung. Hartina, jalma anu leuwih ageung atawa jalmi anu leuwih déwasa kedah gaduh kawani kanggé nyepeng tangungjawab jang mingpin, ogé ngadorong jeung ngajarkeun sangkan jalma anu sahandapeun manéhna bisa nurutan. Jadi jalman anu sahandapeun geus jadi kawajiban nurut kanu leuwih gedé, sangkan bisa nepi kana tujuan anu sarua.” Kitu saur kang Asép Suhanda.

Angklung biasana dimaénkeun ku jalma anu loba jeung sora angklungna béda-béda. Sanajan kitu, lamun angklung di paénkeun nurut kana not, geus pasti bakal ngahasilkeun sora anu genah tur mantes kadanguna.

Tah kitu ogé dina kahirupan urang. Sagala hal anu dilakonan ku cara anu kompak, nurut kana papatah jeung aturan pasti bakal meunang hasil anu hadé. Tapi lamun seug aya saurang atawa dua urang anu teu taat kana papatah jeung aturan pasti bakal ngahasilkeun hasil anu béda.

Saperti halna semboyan nagara urang, Indonesia. Budaya, bahasa jeung agamana béda-béda tapi lamun kabéh kompak nurut kana papatah ti kolot atawa karuhun jeung nurut kana aturan dina undang-undang pasti bakal ngawujudkeun kahirupan bangsa anu gemah, ripah, lohjinawi.

Peran konduktor ogé sarua pentingna kanggo ngatur harmoni, sajalur jeung not anu geus di tulis dina kertas. Hartina peran anu jadi pamingpin anu bakal ngawujudkeun naon anu jadi tujuan. Pamingpin anu pinter tur bijaksana bakal ngajadikeun perbedaan ieu jadi harmoni pikeun kamajuan bangsana.

Editor : Muhamad Hasanudin