Sajak Jeung Kebon Awi – Wasunda

Dina hiji mangsa aya hiji pamuda di Dusun Kalabataka, manéhna kasohor pamuda nu kasép, bageur jeung resep nulis karya sastra, matak dipikaresep ku loba pamudi di dusuna, ngarana Ahdan. Unggal ba’da maghrib Ahdan remen ka Madrasah mingpin kumpulan karangtaruna pamuda-pamudi di Dusun Kalabataka. Dina riungan éta sok dibiasakeun nepikeun matéri, unggal minggu materi nu ditepikeun beda-beda, kadang élmu alam, élmu agama, kasenian, élmu sosial, sastra jeung sajabana.

Kabéh pamuda pamudi meunang giliran nepikeun élmu anu dipikanyaho ku manéhna masing-masing, tujuanna sangkan barisa ngomong di harepeun jelema loba, ngarah wani jeung teu eraan. Dina hiji peuting, aya pamudi nu ngiluan eta kumpulan, katingalina mah lain asli urang dusun da dedeganana jeung cara ngomongna béda tinu lian. Pas pamudi éta asup ka jero madrasah, Ahdan melong sarérét.

Dina denget eta Ahdan méré waktu ka pamuda-pamudi nu ngilu kumpulan dititah sangkan sina nyarieun sajak, téma na bébas teu ditangtukeun. Saeeungeus lima welas menit sajak dikumpulkeun ka hareup. Ahdan ningalian hiji-hiji sajak nu geus dikumpulkeun.

“Hatur nuhun tos soson-soson ngadamel sajakna, saatos dibaca hiji-hiji ku abdi Alhamdulillah mendak hiji sajak anu saé, judulna Balé Éndah karya Laras Pratiwi. Kukituna kumaha upami sajakna dibacakeun dipayun, satuju?” Ahdan ngabewarakeun.

“Satujuuu!” Pamuda-pamudi ngajawab kompak.

Kabeh sorot panon ninggali ka pamudi nu diuk dibaris tengah. Singhoréng pamudi nu tadi kaciri lain asli urang dusun téh ngarana Laras Pratiwi. Rarayna langsung bereum pas ngarana disebut, pamuda-pamudi raéng nyebutkeun ngarana sangkan geura maju ka hareup. Laras ngalengkah kaluar tina meja teras maju kahareup. Kabéh pamuda-pamudi merhatikeun Laras nu keur maca sajak, bahasa na alus, randegana pas, keur mah geulis beuki we barudak teh ngalenyepan pisan sajak nu dibaca ku Laras.

Saeengeus kitu kabeh kompak keprok balakecrakan “Wituwiiw, Laras alus pisan sajakna.” Ceuk pamuda nu ariseng.  

“Laras, meni sae pisan sajakna, ni so sweet!” Ceuk Nia, pamudi nu diuk sabangku jeung Laras.

Teu kungsi lila Ahdan mere panghargaan ka Laras nu geus wani macakeun sajakna ka hareup, sederhana panghargaana mah nyaeta buku sastra karangan Chairul Anwar. Saeenggeus  kitu, kumpulan ditutup ku maca doa. Pamuda-pamudi bral kalaluar ti madrasah. Kabiasaan pamuda-pamudi ari balik kumpulan teh sok silih anteurkeun, rombongan jiga nu rék ngaronda. Puguh atuh dijalan téh ramé saleserian bari ngarobrol.

Imah Laras kacaritakeun di deket Kebon Awi, masarakat lamun unggal peuting liwat ka kebon awi eta sok lalumpatan sieun papanggihan jeung mahluk halus pok na téh. Atuh babaturan Laras haroreameun ari kudu ngaliwat kadinya mah, tapi teu wasa ngobrol ka Laras na.

“Wios wé abdi mah teu kedah di jajap ka bumi, atos biasa da, insyaAllah moal nanaon.” Laras bébéja ka babaturana, anu puguh mah embung ngarépotkeun kanu lianna.

Tidinya, Laras sorangan mapah ka arah kebon awi  bari nangkeup Quran. Dina haté na geus teu puguh rarasaan, degdegan jeung geus teu kuat hayang gera ngabecir lumpat. Laras leumpang beuki tarik, lengkahna panjang jeung napasna geus hénghap ranyug.

“Teu kénging lumpat bilih geubis, moal aya nanaon da. Abi dipengker”. Tembal Ahdan Kalem-kalem tiis, sing horéng tatadi maturan manéhna. Laras melong ka tukang, atoh aya nu maturan. Pas Laras geus nepi imahna, Laras nganuhunkeun ka Ahdan.

“Muhun, Sami-sami. Enjing deui mah pami uih wengi nyalira teu kenging bari lulumpatan, anggur mah babacaan,insyaAllah moal aya nanaon. Bukuna teu kengéng hilap di mangpaatkeunnya.” Ahdan seuri bari pamit balik. Saeenggeus kajadian eta Laras jeung Ahdan beuki deket karna boga karesep nu sarua, nyaeta sajak. Teu nepikeun ka bobogohan, Ahdan langsung ngakhitbah Laras sangkan jadi pamajikanana. Pamuda-pamudi di Dusun Kalabataka genjleung Pamuda nu pang kasepna akhirna geus aya numikaboga.

Editor : Muhamad Hasanudin