Romantisasi Démonstrasi! – Wasunda

Foto: Blog/Achmad Fikry Mubarok

Salapan dalapan, saksi sajarah urang jadi nagara Réformasi. Ieu salah sahiji bentuk “Nagara, Ragana, Naraga”. Kabéh mahasiswa nu aya di Indonesia jadi saksi romantisasi meunangna démokrasi di Indonesia. Nagara urang ayeuna jadi nagara nu bebas, komo di jaman ayeunamah. Arurang dibébaskeun keur ngomong naon waé gé di media. Coba jaman baheula, salah saetuik di-dor! Paéh langsung di tempat. Nya, kecap ‘paéh’ leuwih pantes tibatan kecap ‘maot’ atawa ‘pupus’, da jaman baheula mah jalma téh jiga sato.

Teu kabéh jaman Harto salah. Aya benerna, coba lamun urang teu narima bangsa deungeun ti batur. Urang moal bisa ngarasakeun ngeunahna hayam Mékdi, moal bisa ngopi di Starbak, ogé moal bisa jadi Kékéyipopers. Éh salah! Kpopers maksudna! Heueheu. Jaman ayeuna urang bisa ngarasakeun kanikmatan dahareun ogé budaya bangsa deungeun. Tapi kadé, urang gé kudu bisa ngamumulé budaya nu ku urang cepeng salila ieu. Ulah nepi ka pas budaya urang dicokot ku nagara batur, urang ngamuk. Sabari urang tara ngamumléna, éra atuh!

Inget jaman baheula duh pas demo. Aki jeung nini mah panghareupna waé mun démo téh. Nya démo masak, ai démo di gedung DPR mah pangtukangna wéh sieun diculik ku kacang héjo. Inget harita pas démo, aki mah da teu ngarti kana substansi isi démo nu kararitu téh. Asal milu wéh, harga diri atuh mahasiswa. Nu penting mah démo wéh heula!

Tah éta carita bapa kuring ka anak kuring di tahun 2040. Geus teu karasa nya kuring geus kolot. Kuring jadi éra, jaman kuring mahasiswa mah démo téh rata-rata lain atas dasar hati nurani. Ayeuna budak kuring karék asup kuliah. Kabayang démo na mamaké robot, ngké kadon garelut atuh jiga transpormer, duh!