PEUTING SAENGEUS JEUNG PERSIB! – Wasunda

Sumber: www.tribunnews.com

Malem ahad ayeuna Persib maén di Stadion GBLA, geus jadi sakumaha biasana lamun geus waktuna Persib Bandung maén sagalana ditinggalkeun. Malahan ceuk kasarna kajeung diputuskeun ku kabogoh tibatan kudu katinggaleun lalajo Persib mah. Ceuk kuring cinta mah teu butuh omongan atawa caritaan tapi cinta mah butuh bukti. Lain harti kuring teu nyaah ka si Neng pédah kuring leuwih milih nyetadion, tibatan kudu maturan manéhna di tempat ngopi sabab teu resep lalajo maénbal. Paséa ku perkara nu kieu mah geus biasa, bosen lamun kudu nyarita jujur mah. Tapi da kumaha ari ku nyaah mah Persib kawon gé tetep ngarasa tenang lamun geus panggih jeung manéhna.

Henteu saeutik babaturan anu mamanas, pédah hobina béda. Kuring resep maénbal sedengkeun si Néng resepna drakor. Pas awal-awal babaturan nyarita kitu, henteu jadi pikiran. Tapi lila ka lilaan, panas ogé haté téh lamun ningali babaturan atawa bobotoh anu lainna lalajo tim “kesayangan” téh sabari ngaléng atawa ngepeng leungeun kabogoh anu sarua dipikanyaahna.

Balik nyetadion, kuring panggih ejeung awéwé asal ti Sumedang, ngarana Mira. manéhna nangtung diparkiran sabari culang-cileung siga jalma anu keur bingung. lamun ditilik-tilik si Mira éta siga anu geus jadi korban hipnotis. Leuwih ti lima menit manéhna ku kuring diperhatikeun ti kajauhan. Rék disampeurkeun aya rasa ragab sabab inget ka si néng anu ayeuna keur ngarep-ngarep kabar kuring.

Daripada kudu kaduhung, ahirna kuring ngawani-wani leumpang nyampeurkeun manéhna. Tuluy kuring nanya, kunaon? Sing horéng manéhna kakarék pisan nyetadion lalajo Persib, jeung teu kahaja katingalkeun ku babaturanana gara-gara manéhna init kacai teu bébéja heula kababaturanna. Ngadéngé caritaanana, anu awalna hayang ngajak wawuh jeung deukeut, rubah jadi rasa karunya. Kuring sok inget ka adi awéwé. Sok sieun kumaonam lamun adi aya dina posisi siga awéwé anu keur ceurik ieu.

Bosen ngabandungan manéhna ceurik, ahirna kapaksa kuring nginjeum motor babaturan jang ngajajap manehna balik ka Sumedang. Teu paduli aya bensin atawa euweuh, teu paduli dék hujan atawa henteu, teu paduli duit bakal mahi atawa moal pokona anu aya dina pikiran kuring ieu budak awéwé balik jeung nepi ka imahna.

Kuring mareuman mesin motor dihareupeun imahna. Teu lila ti kitu, tuluy lalaki anu teu nyaho saha langsung datang nyampeurkeun.

“jepluk!” teu pupuguh lalaki gélo éta neunggeul  kuring. Si awéwé ngajerit ménta tulung. Teulila warga datang misahkeun jeung ngariungkeun kuring jeung lalaki anu nyangkana kuring ngarebut si Mira ieu ti manéhna.

Bener ceuk si abah, kujaman kiwari leuwih hadé merjuangkeun Persib tibatan kudu merjuangkeun kasalametan batur mah. Komo lamun jalmana teu ngarti naon maksud jeung tujuan tina niatan urang mah.