Patuker Jodo! – Wasunda

Foto : M. Hasanudin

Jadwal kuliah dinten ieu tos réngsé. Sapertos biasana, kaluar ti kelas langsung indit ka kantin atawa ka kosan. Pilihanna ngan dua éta. Dinagara anu nganut demokrasi, tos janten kabiasaan upami badé nangtukeun tujuan bakal naros ka tiap anggota. Sora anu paling seu’eur éta anu jadi kaputusan. 

“beuh, jeung maké ribut sagala. Kantin ogé cukuplah, sajam deui aya jadwal deui yeuh.” Amin nyentak, pedah sorana gedeg dua lawan dua. Da kumaha deui urang kur aya opatan, sakieu-kieuna.

“Aisyah, milih kantin atawa kosan?” ikhsan nanya, satengah ngagorowok.  

“kantin.” Témbal Aisyah sabari ngaléos ka ruangan dosén. 

Barudak anu sajurusan tos teu anéh lamun ngadadak dititah milih siga kitu. 

Tengah poé, kantin geus pinuh ku mahasiswa jeung obrolanna séwang-séwangan. Aya anu ngobrolkeun tugas, skripsi, futsal, drakor jeung percintaan. Tapi lolobana mémang nyaritakeun perkara cinta. 

“Dan, aya nu nanyakeun manéh. Cenah mah babaturan pas SMA, tapi duka saha. Teu apal.” Ceuk Aisyah anu nyusul ka kantin.

“dimana?” témbal kuring.

“diluar.” 

“panggih dimana kitu? Aisyah kenal?” kuring nyalidik, rada aya rasa teu percaya ka ieu jelema.

“geus puguh teu wawuh!” pokna Aisyah. Panona bolotot, biwirna jamedud. “tadi panggih di ruang dosén. Néangan manéh, hébat nanyakeun manéh mah kot kudu langsung nanya ka ketua prodi. Gélooo.” Ceuk Aisyah, malik sinis.

“sah ulah kitu, jodo mah jorok.” Témbal Yana anu tatadi jempé, ngaréréhé.

Kuring cengkat tina korsi, Aisyah ngabarengan lempang ditukangeun kuring. Tina pundukna geus wawuh, si Indra sobat kuring pisan waktu SMA. 

“lur?” ceuk kuring, ngagero.

“aah, kapangih gening kukutan déwék.” Témbal Indra. Beungeutna bungah.

Saenggeus ngajajap, si Aisyah indit deui. Kuring jeung Indra asup ka kantin, nyampeurkeun Yana, Amin jeung Ikhsan.  

“langsung wé lur.” Si Indra nyarita rada laun. Sigana obrolan ieu khusus kur kuring jeung manéhna wungkul. Anu lainna ngobrol sabiasana.

“kumaha?” ceuk kuring.

“ayeuna urang boga niat hadé ka awéwé, tapi saacanna urang can pernah panggih, can pernah ngobrol. Intina urang teu wawuh ka manéhna. Tah urang datang kadieu hayang ngajak manéh jajap ka imah awéwé éta. Kumaha kira-kira, bisa?”

“kela lur, teu kaharti lamun kitu. Ari manéh apal ti saha ka awéwé éta? Moal mungkin jol datang ka imahna tapi manéh teu wawuh ka éta awéwé.” Kuring curiga.

“urang apal, tapi teu wawuh. Urang apal imahna, meunang nanya ka babaturanna. Intina, bisa moal jajap urang? Anu nyinghareupan kolotna urang, manéh mah diuk hungkul.”

“iraha ka imahna?” 

“ké peuting jam tujuh.”

***

Peutingna, indit saenggeus solat magrib. Lumayan jauh imah anu rék dituju, ngaliwatan walungan, sawah, kebon jagong jeung nu lainna. Sora jangkirik jeung bangkong raéng disisi sawah deukeut lembur, si Indra méngkolkeun motor terus parkir dihareupeun imah anu teu katingali yén ieu imah jelema beunghar.

Gék kuring jeung Indra dititah diuk ku bapa-bapa anu sigana calon mitohana. Saenggeus ngobrol rada lila, pok bapana nyarita.

“janten kasumpingan Jang Indra kadieu téh badé narosan, kitu?”

Indra ungleuk sabari seuri leutik.

“antosan sakedap, bapak kalebet heula. Ngobrol sareng putri bapak.” 

Kuring nungguan sabari hulang-huleng jeung culak-cileuk. Teu wani ngajak ngobrol si Indra, kuring yakin jantungna keur aduglajer nyiapkeun méntal jang narima jawaban. Leuwih ti sapuluh menit nunguan, ahirna si bapak balik deui mawa rupa anu bingung nyarita.

“sateu acanna bapak nyuhunkeun hapunten ka ujang Indra, saleresna bapak bingung ieu téh ku waleran si Néng na.” Si bapak ngadéhém sababaraha kali. Siga anu pageuh jang nyarita. “aduh, bingung. antosan sakedap.” Si bapak balik deui ka tukang.

Teu lila, si bapak balik deui. Ditukangna nuturkeun putrina.

“sok nyarios ku Néng.” Ceuk bapana.

“abdi nyuhunkeun hapunten, bilih cariosan abdi kirang mernah. Abdi teu acan kantos pendak sareng kang Indra atanapi kang Ramdan sateu acanna, janten abdi teu terang saha kang Indra sareng kang Ramdan téh.” Pokna nyarita, béntés. “tapi upami kedah ngawaler patarosan akang, abdi milih Kang Ramdan.”

Deg! Haté ngalonghéap. Teu ngarti jeung teu kaharti. Kuring gideug nolak, euweuh basa anu bisa diucapkeun iwal gideug anu bisa ngaisaratkeun.

Indra ngagebeg reuwas, bapak jeung budakna tungkul.

Dina jero haté kuring ngagerentes, “kunaon ieu awéwé? Gélo sugan mah!” Najan kitu, tetep kukuring ditarima. Lebar! kuring jeung awéwé éta rék nikah tangal 31 séptémber taun ayeuna. Si Indra jadina jeung si Aisyah.

Bener ari jodo mah euweuh nu apal jeung teu kaharti ku akal.

Cag.

Editor : Muhamad Hasanudin