Pasarandog Bagéan 1 – Wasunda

Ilustrasi/Pinterst

Teu karasa ayeuna téh geus nincak kana poé panungtungan dina bulan Ramadan. Tangtuna moal aya nu mungkir yén isukan geus Lebaran. Ti ba’da magrib, sora takbir patémbalan ngaweuhan satungkebing alam. Saréréa suka bungah mapagkeun hiji mangsa nyungsi piunggulna umat Islam, pon kitu keur diri kuring sorangan, sahenteuna.

Pating burudul parawarganét ngapungkeun postingan di média sosialna séwang-séwangan. Paalus-alus maranéhna ngirim sarupaning gambar atawa tulisan. Demi eusina mah geus moal bireuk deui: ménta dihampura lahir tumekaning batin jeung pangbagéa wilujeng boboran siam. Aya nu biasa-biasa, aya nu basana diréka-réka nepi ka giung dibacana. Ah, pokona mah sanajan rupa-rupa tapi angger intina mah sarua waé.

Lian ti diapungkeun di média sosial, réa nu ngémbarkeun ka kulawarga jeung babaturan. Pajarkeun téh peupeuriheun ka nu jauh teu bisa patepung lawung, dina chat mah sugan kaubaran. Antukna kuring ogé nu katempuhan. Hénpon nu biasana suwung, dina peuting éta ngadak-ngadak jadi ramé ku nu ngirimkeun ucapan, malah mah ditambahan ku rupa-rupa émoji atawa gambar. Tamba kesel ku kuring dibuka éta eusi chat téh, dibaracaan, dibales sahinasna wé nepi ka hiji pesen nu asup.

“Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna anu kasuhun, neda hapunten pribados sakaluargi. Wilujeng boboran siam,” unggelna.

Kekecapanana mah matak teu anéh sabab geus kanyahoan meunang copy paste ti internét. Tapi nu matak ahéng téh jalma nu ngirimkeunana. Tina hiji nomer anu teu dipikawanoh, éh lain, boa ieu mah nomer nu kungsi disimpen dina hénpon nu leungit téa. Laju dibuka poto propilna, geuning poto awéwé geulis nu keur selfie di sisi basisir. Kacirina mah siga di pantéy Parangtritis, bari maké kaos karyawisata sakola jeung tiung beureum. Ké heula, asa wawuh jero haté téh.

Ditilik-tilik dina katerangan akun manéhna ngan maké sandiasma ‘imoyvee’. Rada lila kuring mikir, saha babaturan kuring nu sok dilalandian Imoy téh. Ahirna mah kasampeur, manéhna téh Irma. Irma Safitri, adi kelas baheula ngan béda jurusan. Ku héran-héran teuing manéhna maké inget kénéh ka kuring sanggeus dua taun teu papanggih. Meunang béja manéhna prakerin di Jakarta, arék digawé di éntertainmen lokal.

Biasa ku kuring dijawab wé hatur nuhun, sami-sami, hapunten, jeung basa-basi séjénna. Teu lila, kuring jadi anteng uplek ngobrol jeung manéhna dina chatting. Ti barang nanyakeun kabar nepi ka ngobrolkeun karesep jeung panineungan baheula basa keur ékskul jurnalistik. Peuting beuki tiris tapi gederna takbir beuki rongkah ditéma ku eundeurna dulag.

***

Bulan Sawal geus meunang sababaraha poé, nu hajat jadi maréma, jug jleg di mana-mana. Janur konéng méh unggal jalan nyéngclé. Kahiji sukur jadi loba lahan nyiar rejeki, tukang éléktun parada nanggap, tukang suling réa nu butuheun. Lumayan lah sahenteuna bisa jeung nambahan kana waragad kuliah atawa nutupan pangabutuh sapopoé. Kadua sukur bakal boga kawawuhan anyar, bisa nambah tali mimitran. Ngan hiji nu can bisa disukuran mah, kuring masih ngajomlo kénéh. Lain teu digeugeureuhkeun ku babaturan, boga kawawuhan penyanyi pirang-pirang hiji waé euweuh nu nyantél. Alah, pikiraneun teuing. Kuring mah masih hayang jadi jelema merdika, boga hirup nu bébas, teu kauger ku itu-ieu.

Ngabangbrangkeun kacapé tina kuliah jeung digawé, kuring indit jeung babaturan ka hiji bar. Biasa, kumpul jeung barudak tongkrongan bari ulin pakaulan malem minggu.

“Mén, Imén, tempo yeuh aya awéwé geulis,” cék si Oléng, babaturan noél leungeun bari ngasongkeun hénpon.

“Mana cik?” Kuring ngésér-ngésérkeun layar néangan nu dimaksud.

“Tah, nu ieu potona keur ngagaya,” pokna bari nuduhkeun hiji poto di antara mangpuluh poto awéwé, “mantap siah.”

Kuring muka poto profilna, poto awéwé maké papakéan tanktop biru jeung hotpants hideung keur selfie nyanghareupan kana eunteung wastapel. Gayana téh ngantelkeun curuk kana biwir, sirahna déngdék, leungeun katuhuna nyepengan hénpon di tengah dada bari lampu kilatna hurung. Ké heula, asa teu bireuk deui ka ieu jelema. Dedeganana, beungeutna, mirip jeung awéwé nu basa éta. Moal salah deui pasti Si Irma nu harita chatting jeung kuring. Dina akunna maké sandiasma ‘Fefeyviii’.

“Wawawuhan sia téh, haha” Babaturan di gigireun nyeletuk.

“Gandéng!” galakgak kuring sababaturan seuri. Koléntrang sora botol jeung ngelepus udud éléktrik. Tapi angger haté mah neundeun mangrébu-rébu pananya.

***

Penulis : Agung Apriyanto