Pasantrén Tegal Awi – Wasunda

Sumber ilustrasi: suaramuslim.net

Hampir rék tilu taun kuring masantrén disalah sahiji pondok, didaérah anu jauh ti dayeuh. Tempatna tiiseun jeung kamashur ku kaahénganna.  Tempatna jauh ti imah kuring, euweuh  anu ngarana jalan gang atawa jalan-jalan tikus anu sok dipaké jalan motong ku tukang ojeg. Tempatna jauh ti pusat peradaban zaman kiwari, santri teu bisa nyepeng hapé, komo ngoprék hapé jiga barudak satepak di dayeuh.

Kuring jeung santri anu lain geus boga jadwal ungal poé, unggal waktu. Hampir euweuh waktu jang ulin komo nepi ka ngadon mah.Pangajaranna ketat, nungtut santri sangkan disiplin jeung niat diajar anu bener-bener. Lain kusabab guruna anu galak, tapi lamun satengah haté mah teu kudu dikukumaha gé bakal moal betah sorangan. Kabuktian ku sababaraha babaturan kuring anu pindah gara-gara teu biasa jauh ti kolot jeung kahirupan anu ngeunah.

Anu ngaran di kobong, pasti saré, dahar jeung heureuy babarengan. Ceuk paribasa mah “batur jadi dulur” euweuh deui anu ngabéla salianti babaturan anu sakobong. Butuh waktu anu lila sangkan kuring jeung babaturan anu lainna bisa solid siga kieu. Ngaliwatan silih hina, silih sinir, silih bohongan, silih heureuyan anu ahirna jadi silih asah, silih asih jeung silih asuh. Ceuk abah, intina kapercayaan. Prinsip hirup kuring mah, kudu mercaya jeung dipercaya kanu kuduna.

Geus lima poé ieu barudak sahandapeun kuring paséa ramé, geus lain silih omongkeun jeung silih sinir deui tapi geus silih hina jeung silih teungeul. Pas ku kuring ditanya naon persoalanna singhoréng si Ahmad sok ngaganggu lamun si Deni jeung si Karnaén keur saré. Si Ahmad teu wani nyarita, katingalina aya rasa sieun duka ku kuring, duka ku si Deni jeung si Karnaén ieu.

Hiji wanci kuring panggih jeung si Ahmad, tuluy nanya anu sabenerna. Si Ahmad tetep teu wani nyarita. Lain ka kuirng hungkul, tapi ka babaturan kuring anu diangap senior di kobong ogé henteu wani nyarita. Jang namatkeun kapanasaran, jam hiji peuting kuring hudang, sugan-sugan kuring nyaksian si Ahmad bener keur ngotélan barudak anu lainna.

Malem introgasi kahiji nepi ka tujuh kali kuring henteu manggihan ka anéhan saperti anu di ucapkeun ku si Deni jeung si Karnaén. Kuring mikir, boa-boa ngan saukur hayang ngahina jeung ngaheureuykeun si Ahmad, santri anu cicingeun jeung éraanna kacida. Perasaan kuring jadi tenang, sahenteuna kuring bisa ngalaporkeun ka ustad Riki anu ngaamanahkeun supaya kuring merhatikeun barudak ieu.

Saperti biasa jam dua janari kuring hudang, lain rék ngaintrogasi tapi rék ngajalankeun sunnah Nabi, solat tahajud. Kuring ngaliwatan lorong kobong sabari ngahép-hép bisi kuring manggih ka anéhan. Kuring tuluy maju cai anu rada ngajolok ka arah lebak. Kuirng rada ngarandeug sabab ngadéngé sora ceurik ti arah cai. Belah tongoh hieum ku kebon awi, tapi kuring ngarasa yakin ieu sora ti arah cai. Saléngkah-saléngkah kuring maju sabari milih kamar mandi mana anu nyurigakeun. Kuring eureun ngarandeg sabari ngarasakeun muringkakna bulu punuk anu kacida, sora ceurik éta aya dina kamar mani anu pang tungtungna, kamar mandi anu sabenerna geus tara di paké.

“saha dijero?” ceuk kuring sabari nenangkeun pikiran jeung rarasaan. “punten, saha dijero?” ceuk kuring deui. Lainna ngajawab kalah ceurik beuki tarik. Kuring panasaran, ahirna kuirng niat ngadobrak ieu panto. Dina itungan ka tilu kuring narajang éta panto.

“brak!”

“Kang” ceuk si Ahmad anu kaluar ti kamar mandi anu kadua “sanésna kamar éta mah teu kengéng dibuka? Saurna reksak klosetna.”

Spontan kuirng langsung ningali kamar mandi anu tadi nyurigakeun aya jalma ceurik.

“Mad, nembé ngadangu anu ceurik teu?” kuring nanya.

“ah kang, atos biasa atuh didieu mah. Hayu kang abi tipayun.” Témbalna si Ahmad anu seuri sabari ngaléos indit.

Kuring ungleuk. Ngarasa bangga, sing horéng si Ahmad ieu budak anu bageur jeung sopan. Lain saukur carita babaturan kuring nyarita kitu téh gening.

Geus réngsé urusan kakus, kuring indit ka masjid mawa niat rék ngadegkeun solat tahajud. Aya sababaraha urang santri anu saré di masjid, teu hadé lamun teu di ajak kana kahadéan.

Sakali deui kuring reuwas, reuwas anu leuwih tinu saacanna. Kuring reuwas pédah ningali si Ahmad keur saré tibra di gigireun si Mardiansah. Kuring spontan babacaan ayat-ayat alqur’an. Pikiran masih nyangkeud dina pangalaman anu tadi waktu di cai. Kuring nyinkilkeun sarung, brét lumpat ka kobong, hayang munahan kapanasaran.

Pas nepi ka kobong, bener naon anu salila ieu ku kuring dirasakeun. Yén salila ieu anu sok ngaheureuykeun barudak saré téh nyaeta jurig jarian anu nyangrupakeun si Ahmad. si Ahmad teu wani nyarita, pasti manéhna pernah nempo ieu jurig keur ngajirim jiga manehna.

Editor : Muhamad Hasanudin