Ngobrolkeun Jodo! – Wasunda

Sumber ilustrasi: pixeles.com

Di Kampung Ci Béntang, aya hiji pamuda anu boga kaunikan béda ti pamuda saumuranna. Sebut wéh ngarana si Uman, umurna geus 33 tahun leuwih saeutik. Karesepna ti baheula nyaéta nyieunan  bandring, lantaran manéhna osok ngabandringan manuk di lemburna tibaheula nepi ka kiwari masih kénéh.

Indungna ngarasa hariwang gedé ka si Uman ieu, sabab nepu umur 33 taun ieu manéhna can pernah kawin. Dina haté badag, indungna hayang buru-buru némpo si udin téh geura kawin lantaran umur si udin téh beuki kolot alias geus lain budak ngora deui. 

Dina hiji wanci, si udin jeung indungna keur ngobrol diharepeun hawu, sabari ngabubui sampeu jeung cau. Pok indungna nyarita.

“Man, ari umur manéh téh geus kolot. Cik ema hayang nanya, manéh arék iraha kawin téh?”

“Muhun ma, engké.” Témbal si Uman, bari nangkeup harigu.

“bosen lamun geus ngadéngé engké jeung engké waé. Iraha nu benerna? Ema téh geus hayang geura boga incu.”

“Engké atuh ma, sabar. Ngarana ogé usaha. ” 

“usaha ti baheula, leuwih kana sapuluh taunna. Angger wé euweuh awéwé nu daékeun ka manéh. Matakna mandi atuh ungal waktu, heug maké baju anu mernah, buuk sisiran. Geus kasép heug datang ka masigit, sangkan barudak awéwé téh sadar yén aya manéh di dunya ieu.”

“ma, awéwé zaman kiwari mah pipilih. Kuring teu bisa kukumaha atuh, ari awéwéna embung ka kuring mah.”

“alesan manéh mah, embung usaha. Tah pola pikir kitu anu teu ngahasilkeun jodo téh. Cik hayang nanya, kira-kira Ceu Isoh bakal daékeun ningali waragad manéh anu saperti kieu?”

“moal atuh mah. Kuring na ogé embung ka Ceu Isoh mah.”

“tah éta gening. Cenah tadi awéwé anu pipilih, singhoréng saruana wé lalaki gé pipilih.” Si ema ngagerentes. “geus kajawab ayeuna mah, naha si Kang Ridwan kalah méngkol ka Ceu Ira téh. Dasar lalaki atah adol, teu gableg pipikiran.”

“éééh, naha kalah ema anu curhat?! Nggeus keun baé, hartina Kang Ridwan téh teu tulus micinta ka ema. Pan ceuk guru ngaji ogé jodo mah geus aya nu ngatur.”

“geus ah lieur nyaritakeun lalaki mah. Intina ayeuna manéh gera mandi tuluy nyiar jodo, ulah waka balik mun can meunang awéwé. Éra deuleu ku tatanga, geus raéng pisan. Hayoh wé ungal waktu ngomongkeun manéh.”

Samingu saengeeus éta, si Uman balik mawa awéwé. Masarakat gur ger, ramé, geunjleung pédah manéhna balik mawa awéwé. Raraina geulis, soméah, handap asor, amis budi jeung anu lainna. Katingalina awéwé téh lain ti keluarga biasa-biasa. 

“Man.” Emana ngaharéwos saenggeus metot si Uman ka dapur. “asa hariwang ema mah. Awéwé téh ieu mah lain bagéan manéh sigana.”

“is, naha bet kitu?”

“apanan cenah jodo mah eunteung ti diri. Anu bageur bakal meunang nu bageur, anu bangor bakal meunang nu bangor.”

“tapi ma, kabéh jalma anu bangor pasti hayang boga pamajikan anu bageur. Tah ayeuna Uman atos nyandak Isrti anu bageur kanggé ema.” Si Uman ngaharéwos. “ua na duda mah, soléh pisan.”

“ooohh kituuuu. Muhun atuh saé.” Si ema senyum imut sabari menerkeun tiungna.

Cag.