Ngaregepkeun Kidalang – Wasunda

Peuting ieu si Kabayan diuk dina dipan haereupeun imahna. Siraru ting geleber ngurilingan lampu anu ngagantung, sora bancét di sawah gandéng silih tembalan. Digigireun leungeun katuhu si kabayan aya radio anu keur nyiarkeun wayang golék anu dalangna nyaéta Asep Sunandar. Salah sahiji dalang anu pisan ka koncarana ditatar sunda. digigireun radio anu warna hideung, aya kulub hui anu haseupna masih kekepulan anyar di jait. Lian ti éta rasana aya anu kurang lamun kulub hui ieu teu dibaturan ku kopi hideung anyar nutu tadi lohor jeung ditambah ku bako meunang ménta ti si abah. 

Kelepus-kelepus, éta si Kabayan udud. Manéhna diuk nangunyar sabari nyarandé ngadéngékeun wayang. Nyi iteung dijero kamar mépéndé budak anu hésé peureum. Jang rusatam datang sabari ulak ilik bisi lain si Kabayan. 

“sampurasuuun…” jang Rustram nyarita.

“rampéés. Éh jang Rustam, teu ka pos ronda jang?” ceuk si Kabayan nanya. 

“henteu kang, apan abdi mah sareng akang jadwal na ogé.” Tembal jang Rustam anu masih nangtung digigireun dipan.

“sok calik atuh jang. Ieu keur ramé alah, ngaregepkeun si Cepot jeung si Garéng.” Pok si kabayan sabari seuri leutik.

Jang Rustam diuk. “keur nyaritakeun naon ieu téh kang?” Jang Rustam panasaran.

“nyaritakeun rukum iman jang. Ramé pisan, gera sok regepkeun.” 

Atuh si Kabayan jeung Jang Rustam diuk ngadodoho ngaegepkeun, ungleuk jeung barakatak seuri témpo manggih carita anu pikaseurieun. 

“hahaa… alaah nuhun pisan kidalang tos ngahibur rahayat leutik jiga kuring.” Ceuk si kabayan bari mereuman radiona. 

“muhun kang, ceuk kasarna teu kudu jadi persiden hayang bungah haté mah, cukup wé ngadangukeun kidalang maénkeun wayang.” Jang Rustam nimrung.

“ayeuna dék kamana atuh jang Rustam?” ceuk si Kabayan, pédah wayang geus enggeusan, kulub hui geus érép jeung kopi ogé tingal saregot deui. 

“duka kang, abdi teu aya tujuan.” Tembal jang Rustam, ngahelas.

“naha? Atuh balik wé jang ka imah.” 

“nu matak kang, nuju paséa abdi jeung si néng téh. Panto geus pasti ditulakan geus kieu mah.”

“euh atuh. Nya aya masalah naon jang meni nepi ka sakituna?”

“biasa wé kang, masalaha artos. Janten atos dua dinten abdi teu nyandak bati ka bumi téh, sareng upami nyandak ogé sok tara ditampi ku si néng téh. Akang ogé terang nyalira, milari artos jaman kiwari kumaha héséna.”

“jang kieu wé papatah ti akang mah. Ieu mah dék diturut mangga, henteu ogé teu nanaon. Jang Rustam ulah ulin waé jeung si borokok Juhén, mawa goréng jeung mawa sangsara si éta mah. Jang eweuh anu kacaritakeun beunghar ku cara togél, jeung dimana aya na ogé hirupna moal damai jeung tengtrem. Tingali akang, kurang miskin kumaha hirup? Imah pangung bari rék réhyod, bilik geus dobol loba gantianeun, panto geus rék rujad jeung sagalana. Ah lamun di pikiran mah lieur, komo lamun geus pakuat-pakait jeung urusan dapur mah. Apal sorangan ceu Iteung kumaha bengisna, bener teu?” jang Rustam ungleuk.

Nyi Iteung nembal ti jero kamar. “cik atuh kuring mah tong dibabawa, kabayan!”

“har, sugan téh geus tibra nyi.” Ceuk si Kabayan sabari seuri.  “geus wé kieu jang, intina dék sagalakna kumaha anu jadi pamajikan, saencan maot mah ulah waka dikubur. Kitu wé intina mah jang.

Jang Rustam seuri leutik, tuluy balik ka imahna mawa janji kadiri yén manéhna moal sakali-kali ngubur pamajikana saacan maot mah.

Editor : Muhamad Hasanudin