Ngamumulè Basa Indung – Wasunda

Sumber ilustrasi: pinterest.com

Kahirupan Abah keur leutik pinuh ku pangajar jeung pangatik ti anu jadi indung bapa atawa guru anu lianna. Sarua jeung kiwari, ngan anu jadi pangbedana mah kur dina palebah teorina wungkul. Tungtung tina elmu mah sarua baé, nyaeta kana kahadéan. 

Ngobrolkeun perkara kahadéan, lain ngan saukur lakulampah hungkul anu kudu hadé téh, tapi ucapan ogé kudu sarua hadéna. Sakabehna jalma tangtu boga basa indung, atawa basa anu dipaké sapopoé. Lamun urang sunda tangtu basa anu dijadi basa indungna nyaéta basa sunda. Can lila, mangkukna incu Abah nanya, “bah, naha basa sunda bet disebut basa indung?” 

Lamun ceuk Kang Dasép mah, basa indung téh nyaéa basa anu diajarkeun ku indung. Da dina pada umumna masarakat Sunda mah dididik pengheulana teh ku indung, saméméh ku bapak diajarkeun masalah budi pangarti, saméméh guru diajarkeun maca, nulis jeung ngitung disakola. Matak wajar lamun indung disebut sakola utama atawa sakola anu pangheulana diajarkeun ka budak. Leuwih jauh deui mang Dasép ngajelaskeun, ari ngamumulé basa Sunda atawa basa indung téh kudu bener-bener dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Teu kudu ayeuna dulur-dulur ngobrol jeung tatanga ku basa nasional atau basa internasional mah, cukup wé pake basa sunda. éta salah sahijina cara ngamumulé basa indung téh.

Koncina ngamumulé basa Sunda mah ulah ngarasa éra, éra maké basa indung sarua jeung ngahina indung sorangan. Indung anu geus ripuh ngalahirkeun, ngadidik jeung ngurus anjeun, anu geus lu’at lé’ét késang merjuangkeun anjeun nepi ka gedéna. Basa sunda jadi basa anu dijadikeun alat komunikasi antara indung jeung anak, indung bisa nerapkeun kanyaahna kanu jadi anak ku liwat basa sunda. ogé anak bisa nyaho tur sadar yén basa indung mah lain ngan saukur basa atawa ucapan tapi ogé ngandung doa anu mujarab pisan.

Pangalaman Abah sorangan ieu mah, asli. Geus dua ahad katukang. Abah téh indit ka dayeuh naék elep warna hideung. Ari dina elep teh geus nagog Néng Éma jeung Ceu Euis, diukna pagigir-gigir. Elep maju, obrolan na ogé ngilu dipaju. Ku kuring di déngé-déngé asa aya anu anéh, sing horéng bener wé maranéhna ngawangkongna maké basa nasional. Tibatan resep mah da kalah rujit atuh. Geus papada nyaho si Néng Éma teh urang Ci Burial, lamun Ceu Euis asli Ci Sagu. Ah, tina ngaran ogé geus moal bireuk éta mah geus pasti ngaran Sunda tapi hanjakal haténa teu nyunda.

Ngamumulé basa Sunda téh kawajiban sakabéhna jalma Sunda. Jalma anu turunan Sunda, atawa jalma anu cicing di taneuh Sunda. Naha? Sabab anu ngarana basa Indung mah basa identitas. Ari identitas téh naon? Identitas téh asal usul. Ari asal usul téh naon? Asal usul téh purwadaksi. Ari purwadaksi téh naon? Purwadaksi teh hartina katangtuan ti anu Maha Kawasa, yén urang cicing di tatar sunda.

Lamun urang Sunda ayeuna geus embung nyaritana maké basa Sunda, sarua jeung manéhna teu syukuran ka Allah SWT nu geus nakdirkeun lahir di daerah sunda. Sahadéna jang jalma anu kitu mah kudu di pinahkeun ka planét Mars, sina hirup sorangan jeung nyorangan. Da cicing di taneuh Sunda gé ngadon mopohokeun naon anu geus jadi Purwadaksina. Sok aya paribasa atawa ajaran ti kolot jang urang sadaya yén hirup mah ulah poho kana purwadaksi.

Ngurus basa indung teh geus jadi kawajiban urang sadaya, siga halna urang ngurus indung. Titip ti abah mah hiji keur sakumna dulur kabeh, ulah éra maké basa Sunda! pék regepkeun tur larapkeun dina kahirupan sapopoé.