Ngamandian Domba – Wasunda

Sumber: fixbay.com

Sapertos biasana unggal dinten jumaah, masarakat peré digawé atawa ngider kaluar lemur. Timimiti budak nepi ka kolot, loba anu daratang ka wahangan sabari mawa ingon-ingon. Hiji-hiji doma digejeburkeun kana wahangan anu jerona satengah bitis kolot. Gigibrig jeung ririnuk geus jadi hal biasa keur domba anu katirisan, sabab dimandian. Tapi ari ku geus anut mah béda, domba téh babari nurutna. Cukup ku diusapan si domba éta lindeuk deui.

Saengeus ngamanian domba, barudak laleutik atuh ting galejebur laluncatan tina batu anu jangkung kana leuwi anu jero. Euweuh kasieun tikerelep komo sieun ku jurig cai mah sigana rada jarauh kenggé barudak siga kitu mah. Barudak anu garedé na ngaraleut mawa useup, jeujeur jeung eupan tuluy néangan liang batu anu disangka bakal aya boboso, keuyeup atawa anu lainna. Lamun meunang laukna, guragiru  diasupkeun kana korang. Atawa lamun euweuh korang, kari neangan daun kalapa tuluy sebit daun anu hejona nyésakeun nyéréna. Geus kitu, kara éta nyéré diasupkeun kana insang anu labas kana sungut na lauk.

Si kabayan datang bari seuri ti kajauhan. Ngarasa bungah sabab papangih ogé ejeung babaturanna.

“wah kuring katingakeun euy, Kang Darman.” Pokna ti kajauhan, satengah ngagorowok.

“muhun kamana waé atuh kang Kabayan? Biasana mah sok pang payuna sabari mekel seuseuheun.” Témbal Kang Darman.

“biasa, si abah nitah ngala kalapa heula.” Si Kabayan milihan batu anu ngeunaheun jang ngareureuhkeun kacapé. “keur ngawangkongkeun naon ieu dulur-dulur?” tanya si Kabayan.

“biasa kang eukeur ngobrolkeun domba anu kasép jeung anu geulis ieu téh. Sok atuh kumaha ieu jadina? Ceuk kuring mah angger domba Ki Dahlan anu pang kasépna didieu mah hahaha…” ceuk jang Rustam sabari balakécrakan bungah.

“Jang rustam, tingali ciri domba anu kasép mah tandukna muringkelna jiga kieu.” ceuk Mang Anen sabari nyepengan tanduk domba anu manéhna.

“tapi heueuh, ngan hanjakal éta domba rada épés mang mun di adukeun mah.” Mang Kosasih nembal.

“ééh atuh ieu mah béda deui kang, ulah disaruakeun doma adu jeung doma angon atuh. Beda kelas hahaa…” kabéh sareuri.

Obrolan beuki lila beuki ramé, si Kabayan ngan kur bisa ngadéngékeun. Kang Darman ngarasa aya anu anéh ti si Kabayan. Teu sabiasana jempé jiga kitu.

“cing kuring mah hayang nanya wé ieu mah, ceuk kang Kabayan mana domba anu geulis jeung domba anu kasép?” kabéh sasaleurian, panasaran hayang ngadéngé pilihan si Kabayan.

“ah moal kang, punten abdina jalmi sanés domba.” Tembal si Kabayan.

Ngadéngé kitu, atuh aya anu seuri ngehkey aya ogé anu jamedud sabab kasindir.

“ééh kantenan terang abdi ogé atuh éta mah. Ieu mah ceuk akang anu geus pangalaman di dunia pedombaan mana domba anu geulis jeung domba anu kasép?” Kang Darman maksa.

“aduh teu terang kang, barina ogé kuring mah normal kénéh.”

“sarua atuh Kabayan, kabéh anu didieu normal matak gedeg waé ieu téh  genep ngalawan genep.” Aki Juatma ngarasa gereget.

“ah puguh si Kabayan wé anu teu normal mah.” Ceuk anu lainna.

“émang jalma anu resep ka domba, normal kitu?” témbal si Kabayan sabari lumpat.

Ngadéngé jawaban kitu, kabéh birat ngingalkeun domba anu kasép jeung geulis téa. Kabéh ngudag si Kabayan anu kabur ngaliwatan galengan anu kara anyar meunang mopokkan aki Juma. Barudak leutik jeung geudé ting saleuseurian ningali kalakuan kolotna anu bubudakeun.

Editor : Muhamad Hasanudin