
Wasunda, Warta – Ménko Kemaritiman jeung Invéstasi Luhut Binsar Pandjaitan ngungkap aya saurang pasién Corona Varian Omicron nu lolos tina karantina di Wisma Atlét. Anjeunna ngedalkeun pasien ieu indit jeung kulawargana.
“Tapi arurang masih can apal naha ti daéah séjén aya nu asup, nu lolos tidieu sabab kamari aya saurang nu lolos sabab indit jeung kulawargana jeung ayeuna arurang miharep teu kajadian deui,” ceuk anjeunna
Sanajan kitu, Luhut ngaku teu apal detail naha aya kasus varian Omicron nu asup ti daérah séjén. Anjeunna tuluy nyebut aya saurang pasién Omicron nu lolos tina karantina di Wisma Atlét.
Luhut tululy negeskeun teu aya paménta dispénsasii karantina tanpa alesan nu kuat. Luhut Ngedalkeun dispénsasi bisa dibikeun lamun alesanna kuat jeung kudu patuh kana prosedur.