
Wasunda, Warta – Satgas Penanganan COVID-19 ngalaporkeun 101.794.596 (101.80 juta) penduduk Indonésia geus vaksinasi COVID-19 dosis lengkep atawa nambahan lobana 647.087 urang dina poé Jumaah.
Dumasar data Satgas COVID-19 nu ditarima di Jakarta, Jumaah, lobana 145.089.912 warga Indonésia geus meunang vaksin dosis kahiji COVID-19 atawa panaima dosis kahiji nambahan lobana 639.588 urang.
Samentara nepi ayeuna vaksinasi dosis katilu geus nepi 1.250.506 urang. Pamaréntah nargétkeun lobana 208.265.720 urang divaksinasi ku vaksin COVID-19. Sanajan geus meunang vaksin COVID-19 masyarakat tetep kudu disiplin ngalaksanakeun protokol kaséhatan keur nyegah panularan COVID-19.
Prokés ogé penting dilaksanakeun ketat keur nyegah gelombang katilu panularan COVID-19.