Misteri Nguseup Di Walungan – Wasunda

Sumber: mancingikan.net

Isuk-isuk saenggeus solat subuh Wandi, Iwan jeung Dani geus haget néangan jeujeur, useup jeung cacing kalung dina handapeun dapur cau tukangeun imahna. Dedi, Emul jung Engkus bagéan bebekelan, jang engké sasarap disisi leuwi. 

Jam genep isuk-isuk geus pada siap mawa sagala rupa kabutuhan masing-masing, timimiti dahareun nepi ka pakéan. Geus jadi kabiasaan barudak anu genepan ieu, samingu sakali bakal ulin kawahangan Cipancong ngadon nguseup atawa ngadon niiskeun pikiran tina masalah kahirupanna masing-masing. 

Halimun di Kampung Saga, masih nutupan jalan satapak anu rék disorang ku barudak genepan ieu. Sabari ngobrol anu diselang ku babacaan dina jero haté masing-masing, barudak ieu naék turun pasir. Leuwih ti dua jam maranéhna lempang mapai jalan satapak anu ngahaja dijieun pikeun patani ka sawah, ka huma atawa ka kebon.

“Dak, sigana bonténg di kebon bapak urang gues meujueh euy jang coéleun sambel mah.” Ceuk si Dedi ngainisiatif. 

“der atuh, sakalian hayang ningali kebon kuring euy. Sugan wé atuh meunang kadaharan deui.” Témbal si Wandi.

Anu lainna beuki sumanget, sabab lamun loba dahareun bakal beuki betah tur jongjon nguseupna. Kabéh satuju, anu kuduna méngkol kabelah kénca barudak anu genep ieu kalah méngkol kabelah katuhu, nyampeur bonténg di kebon si Dedi jeung nyampeur cau di kebon si Wandi. Saenggeus diarasa cukup, bring maranéhna indit deui ka tempat tujuanna. 

Sora cai anu ngageldeg geus kadéngé ti kajauhan. Barudak anu genep ieu tuluy nyisi nuturkeun arah cai, tujuanna néangan leuwi anu ngeunah jeung mernah dipaké nguseup. 

“nggeus didieu wé, ceuk bapa kuring di Leuwi Peso ieu nu loba lauk mah.” Engkus méré saran.

“cing urang cobaan heula didieu wé Déd, mun teu meunang urang pinah.” Tembal anu lainna.

Der wé barudak kompak nyiapkeun sagala rupa anu dibutuhkeun. Geus teu kudu rupat-rapat deui, kabéh geus boga tugas séwang-séwangan. Iwan Jeung Emul bagéan mirun seuneu sangkan bisa ngawuduk disisi wahangan, anu lainna bagéan ihtiar néangan lauk.

“cik hayang nyaho kuring mah. Naha ieu wahangan bet disebut Cipancong? Sugan wé aya nu bisa mantuan ngajawab.” Wandi nanya.

“babari atuh. Ci hartina cai, pancong hartina tempat anu ngarana pancong. Jadi cipancong téh nyaéta cai anu huluna ti pancong.” Kitu jawab Engkus.

“tapi ceuk abah kuring mah lain kitu, lur. Urang sunda mah boga rumus sorangan dina méré ngaran téh. Ayeuna kuring nanya heula naon bédana sinar jeung cahaya?”

“ari sinar mah boga panas, lamun cahaya mah henteu. Siga sinar panon poé jeung cahaya bulan, pan beda.” Témbal Wandi.

“ceuk urang mah sinar mah pasti aya cahayaan, lamun cahaya mah cantangtu aya sinaran.”

“hahaa… naon jawaban téh jiga nu ngalinur manéh mah, Kus. Tapi deukeutlah.” Si Iwan seuri gedé. “bédana sinar jeung cayaha téh nyaéta, ari sinar mah sumber tina cahaya sedengkeun cahaya mah hasil pantulan tina sinar. Siga cayaha bulan, éta pan hasil pantulan tina sinar panon poé. Tah sinar ieu téh ku urang sunda mah disebut na téh ci, sabab boga énergi. Sarua jeung urang cina, chi téh hartina énergi ogé. Tah jadi ngajawab pertanyaan anu tadi, ci téh pan pantulan tina energi sedengkeun pancong, bener ngaran tempat. jadi cipancong téh nyaéta sumber cai anu méré énergi pikeun kahirupan anu diliwatan ku manéhna. Matak sakuduna mah urang sunda jaman kiwari kudu ngurus wahangan, sabab wahangan ieu anu méré panghirupan kamaranéhannana. Timimiti hulu nepi ka hilirna. Ayeuna 80 persen anu aya dina awak urang naon?”

“cai.”

“heueuh, cai bakal jadi energi dina kahirupan atawa dina awak urang. Hanjakal euy, ayeuna geus loba wahangan anu kiruh jeung bau anu teu panteus disebut ci atawa sumber energi deui. Lebar.”

“tongboro jelama, lauk ogé moal hirup dina walungan nu kotor mah. Wahangan anu sakuduna  méré énergi, dirusak ku mahluk anu butuh énergi (manusa).”

Jeup réhé deui, kabéh ti teuleum kana pikiranna masing-masing anu jero.

#wahangan #Ci #walungan #engergi #nguseup #isuk-isuk #jeujeur #useup #wasunda

Kategori misteri

Muhamad Hasanudin