Makna Filosofi Sangu Tumpeng Urang Sunda – Wasunda

Foto: qraved.com

Budaya – Nuluykeun tulisan anu kantos dikapayunkeun dina artikel anu judulna makna filosofis sangu tumpeng urang Jawa, ayeuna urang bahas makna filosofi sangu tumpeng ceuk urang Sunda.

Dina palaksanaanana, sangu tumpeng ieu sarua baé osok disayogikeun utamina upami aya acara-acara anu sifatna sakral sapertos syukuran. Henteu nepi dinya, sangu tumpeng jang Usang Sunda pinuh ku makna atawa niléi anu kalintang luhur.

Sangu tumpeng anu disimpen ditengah-tengah, dikurilingan ku macem-macem dangeuna timmiti hayawani nepi ka nabatina nyimulkeun hiji makna nyaéta gunung anu dukurilingan ku taneuh anu subur tur makmur.

Sangu tumpeng ieu nyimulkeun ékosistem kahirupan anu mana sangu tumpeng anu ngajulang ngalambangkeun ka-Agungan Alloh anu nyiptakeun alam semesta, sedengkeun dangeunana simbulkeun eusi dina alam semesta ieu.

Pikeun Urang Sunda, gunung téh tempat anu kalintang sakral simul tina puncak oriéntasi kahirupan manusa Sunda nyaéta sampurna atawa purna. Dumasar kana paribasa, tumpeng ieu idéntik eujeung kalimat mulang ka jati balik ka asal hartina naon anu aya dialam semesta ieu ahirna tetep bakal dipundut kunu Maha Agung. Mangkana sangu tumpeng ieu salianti miharti sukuran ogé bentuk tina harepan supaya hirup aya dina kahadéan jeung kasajahteraan.

Dina perkara motong tumpeng ogé henteu sagawayah, Urang Sunda maké tatakrama anu terus dijaga. Biasana pamotongan tumpeng ieu osok dipayunkeun ka sepuh atanapi tokoh anu kacida dipihurmat, hartina yén Urang Sunda tetep nyepeng pageuh kana niléi luhur kakulawargaan jeung ngahurmat kanu janten sepuh.

Aya dua warna anu sok dipaké dina sangu tumpeng ieu, nyaéta warna bodas jeung warna konéng. Maknana sarua jeung urang Jawa, Bodas nyimulkeun kasucian jeung konéng nyimulkeun kasajahtraan.

Sementara Budayawan Sunda Lucky Hendrawan dari tulisan mengisahkan :

Sandi Kala Dalam Sangu Tumpeng (Nasi Tumpeng)

Bangsa Indonesia saat ini semakin tidak memahami tata-cara, guna dan makna Sangu Tumpeng (Nasi Tumpeng) yang seharusnya dibuat secara khusus beradasarkan aturan ketat. Itu sebabnya kehadiran Sangu Tumpeng saat ini tidak ‘menghadirkan’ sesuatu apapun (kejadian yang diharapkan), sebab ia dihadirkan hanya sebagai syarat pelengkap perayaan budaya.

Kaunikan sangu tumpeng ogé bisa dipanggihan dina makna alat jeung bahan nyieuna, saperti seuneu anu ngalambangkeun panon poé, batu bata ngalambangkeun bumi, dandang atawa sé’éng ngalambangkeun gunung, haseupan/aseupan atawa kukusan anu bentukna ngarucut tibalik ngalambangkeun kawah gunung berapi, cai ngalambangkeun sumber kahirupan, suluh ngalambangkeun leuweung, jeung béas atawa sangu anu aya dina jero aseupan ngalambangkeun kasuburuan jeung kamakmuran.

Ngolah béas jadi sangu tumpeng silakukeun kaum istri anu henteu nuju ménstruasi atawa dina kaayaan anu suci. Dina nyieun ieu sangu tumpeng aya tatakrama anu kudu dipaké, kaum istri ieu teu meunang paantel jeung kaum lalaki. Hal ieu ngajelaskeun yén niléi “istri anu suci” sabab istri dianggap Ibu Pertiwi anu eukeur nata kahirupan di bumi, méré kasuburan jeung kajayaan pikeun katurunan-katurunana.

Waktu janari pas surupna panon poé, seuneu dina hawu dihurungkeun anu ngalambangkeun ungkapan rasa syukur kana limpahan énergi (panon poé sumber énergi) anu mampu ngahirupkeun alam semesta.

Susunan tumpeng ieu kudu saluyu jeung puteran waktu atawa cahaya, sapeti:

  • Purwa, nyinghareup ka wétan eusina bakakak hayam kampung jago
  • Daksina, nyinghareup ka kidul eusina hasil bumi saperti lalab, tomat jeung sabangsana.
  • Pasima, nyinghareup ka kulon eusina pasakan olahan saperti sambel, tempé jeung nu lainna.
  • Utara, nyinghareup ka kalér eusina pasakan olahan daging/lauk.
  • Madya, tempatna ditengah-tengah nyaéta sangu konéng anu bentukna saperti gunung anu dipuncakna sok disimpen kulub endog hayam kampung atawa cabé beureum.

Makna sangu tumpeng ieu aya kakaitanna eujeung papat kalima pancer anu dijerona pakuat pakait eujeung arah manon angin   dina kabudayaan Sunda, nyaéta:

  • Purwa/wétan/bodas, mangrupakeun tanda wanci isuk-isuk sakaligus nyimulkeun awal peradaban manusa. Hal ieu dicirikeun ku ayana bakakak hayam kampung jago dina tumpeng ngalambangkeun manusa awal kahirupan.
  • Daksina/kidul/beureum: nandakeun wanci tengah poé, ogé nandakeun zaman kajayaan atawa kamakmuran. Hal ieu dicirikeun ku hasil bumi saperti lalab-lalaban.
  • Pasima/kulon/konéng: nandakeun wanci soré anu nandakeun nurunna masa kajayaan. Hal ieu dicirikeun ku pasakan olahan anu lila  saperti perkedel, tempé jeung sajabana.
  • Utara/kalér/hideung: nandakeun sanci peuting anu ngahartikeun runtuhna kajayaan manusa atawa ogé alam semesta. Hal ieu dicirikeun ku pasakan olahan héwani.
  • Madya/puser/tengah: nandakeun panguasa waktu/zaman/alam semesta anu ngabalikeun sagala kahirupan dibumi seperti mulana. Hal ieu dicirikeun ku endog hayam kampung anu disimpen dina pucuk tumpeng.

Béda zaman béda makna, kiwari sangu tumpeng lain deui jadi suguhan katuangan anu miboga niléi luhur tapi ngan saukur dijadikeun sarat kabudayaan wungkul. Hal ieu anu matak jadi cukang lantaran obahna makna, saperti warna konéng anu diidentikeun warna emas atawa kajayaan padahal nyimulkeun nurun atawa lunturna kamakmuran.

Makna sangu tumpeng isarat anu ngalibatkeun persoalan ruang, waktu jeung kajadian.

Editor : Aldy Alfiandi