Laras Karya Tarawangsa! – Wasunda

Tarawangsa mangrupakeun salah sahiji alat musik kasenian nu aya di Jawa Barat. Dumasar ti Wikipedia, tarawangsa ieu aya 2 arti. Nu mimiti nyaéta alat musik gésék nu gaduh dua dawai nu didamel tina kawat beusi atawa baju, sareng nu kadua nyaéta arti ngaran ti salah sahiji jenis musik tradisional Sunda.

Tarawangsa bisa disebat leuwih kolot kaayaanna ti rebab, alat gésék nu sanés. Naskah kuno Sewaka Darma ti awal abad ka-18 tos nyebat tarawangsa nyéta nami alat musik. Rebab hadir di Arab nu dibawa ku para panyebar Islam ti tanah Arab sareng India. Saatos hadirna rebab, tarawangsa bisa ogé disebat rebab jangkung, margi ukuran tarawangsa langkung jangkung ti rebab

Sanaos cara maénkeun tarawangsa ieu digésék. Tapi nu digésék mung hiji dawai, nyaéta dawai nu paling deukeut ka pamaén, samentawis dawai nu hijina dimaénkeun ku cara dipetik ku hiji curug nu leungeun nu kénca. Teras, tarawangsa mangrupakeun ensambel alit nu diantawisna nyaéta tarawangsa sareng hiji alat musik petik tujuh dawai nu siga kacapi, nu disebat Jentréng.

Kasenian Tarawangsa mung tiasa dipendakan di sababaraha daérah di Jawa Barat, diantawisna di daérah Rancakalong (Sumedang), Cobalong, Cipatujah (Tasikamalaya Selatan), Banjar (Bandung), sareng Kanékés (Banten Selatan). Di kasenian Tarawangsa daérah Cobalong sareng Cipatujah, salian nganggo dua alat musik di luhur, ogé aya dua alat diantawisna calung rantay, sareng suling, ogé ditambihan ku nu nyanyi.

Pamaén tarawangsa mung dipaénkeun ku dua jalmi, nu hiji pamaén tarawangsa, nu hiji pamaén jentréng. Seseeurna pamaén Tarawangsa ieu téh lalaki di yuswa rata-rata 50 dugi 60 taun. Aranjeunna nyaéta patani, biasana dipaénkeun kanggo upacara padi, misal dina ngalaksa nu fungsina nyaéta ucapan rasa syukur ka Gustu nu maha suci ku hasil panén nu seueur.