Kujang Pusakana Urang Sunda – Wasunda

Sumber : basasunda.com

Unggal daérah di Nusantara tangtu migaduh pusaka tradisional, kitu ogé kanggé tatar sunda anu ngajadikeun Kujang pusaka tradisional anu kudu dijaga tur dirawat kaayaanna. Masarakat umumna masih aya anu lepat nganggap yén kujang ieu senjata tradisional, sanés pusaka. Budayawan Sunda asal Kota Bandung, Kang Budi Dalton ngajelaskeun yén kujang téh lebetna kana benda Pusaka. 

Dumasar kana fungsina ieu kujang anu kiwari henteu dijadikeun pakakas sapertos bedog, parang, badik sareng anu sanésna. Senjata biasana diidentikeun kana hal anu awon, saperti tauran atanapi kajadian kriminal lainna, henteu aya barudak pelajar atanapi kelompok tauran anu nganggé kujang, keris sareung benda pusaka sanésna. Éta salah sahiji bedana antara benda pusaka sareng senjata.

Kujang dipercaya benda pusaka anu gaduh niléi sakral sareng kakuatan magis. Tina bentukna anu unik teu aya benda pusaka di Nusantara anu nyaruaan, ngabuktikeun niléi éstétika paradaban anu kalintang majuna. Sanajan kitu, kujang ieu sok disebut arit atawa sabit ku dunia internasional sabab teu aya kecap anu khusus kanggé ngaaranan ieu benda pusaka. Padahal dina wujudna tos tangtu benten pisan sareng arit atanapi sabit. 

Nyinghareupan masalah anu kitu, tugas urang saréréa timimiti seniman, akademisi, media, pamaréntah nepi ka masarakat sangkan bisa ngapublikasikeun ka dunia internasional ku cara anu konsistén yén ieu benda ngaranna Kujang. Teu aya sebatan anu tiasa ngagambarkeun benda pusaka ieu, salianti nami aslina.

Lamun seug urang nalungtik kana basa, istilah Kujang ieu asalna tina kecap “Kudihyang” tina dua kecap nyaéta kudi sareng hyang. Kudi tina basa sunda buhun anu miboga harti benda atanapi senjata (salaras sareng fungsina waktu harita) anu dipercaya gaduh kakuatan gaib, sakti, jimat jeung sajabana. Kujang ieu ogé bisa disimpen jadi benda pusaka, fungsina kanggé nolak bala atawa marabahaya kanu boga bumi. Cara nyimpen benda pusaka ieu henteu sagawayah, biasana dipuntel ku kaén teras dilebetkeun kana peti atanapi tempat khusus saperti bantal jeung sajabana (Hazeu, 1904 : 405-406).

Kecap anu kadua nyaéta Hyang anu ngagaduhan harti Sang Maha Kuasa. Harti ieu salaras jeung ajaran “Dasa Pekerti” anu ditulis dina Paskah Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian disebut “Dewa bakti di Hyang.”

Umumna, kujang ngagaduhan harti pusaka anu ngagaduhan kakuatan atanapi kasaktian anu asalna ti “Hyang” atau sang maha kuasa. Ti zaman baheula Kujang ieu nempatan hiji tempat anu khusus dikalangan masarakat Sunda, nyaéta lambang atanapi simul dengan nilé-niléi filosofis anu aya dijerona. Ku halna kitu, Kujang sok dipaké dina lambang organisasi pamaréntahan.

Editor : Muhamad Hasanudin