Klepon Teu Islami, Go-Food Haram, Jadi Lamun Mesen Klepon di Go-Food Dosana Double? – Wasunda

Foto: gojek.com

Publik média sosial khususna Twitter ayeuna nuju ramé ku postingan salah sahiji akun facebook @ErwinRabbaniII nu ngaposting foto nu tulisanna “Klepon Tidak Islami, yuk tinggalkan jajanan yang tidak islami dengan cara membeli makanan yang islami, aneka kurma yang tersedia di toko syariah kami – Abu Ikhwan Aziz” (Klepon teu Islami, hayu tinggalkeun jajanan nu teu islami ku cara ngagaleuh emameun nu islami, rupi-rupi kurma nu aya di toko syariah kami – Abu Ikhwan Aziz).

Saatos ninggal postingan éta, tim WaSunda langsung milari keyword saha dibalik “Abu Ikhwan Aziz” téh. Tapi nyatana hasilna nihil, éta Abu Ikhwan Aziz téh teu kapanggih. Nu aya malah pangakuan foto nu nuju viral ieu téh ternyata milik Dita W. Ichwandardi (pamilik akun twitter @ditut) nu langsung ngarespon foto nu nuju viral ieu ku postinganna nu eusina:

“Ciyan amat tu foto klepon gue (Karunya pisan éta foto klepon aing)” tulis di akun twitterna @ditut

“Itu foto th 2008 waktu msh aktif jadi food photographer dan food blogger (Éta foto taun 2008 waktos masih aktif janyen food photographer sareng food blogger,” saurna.

“Bangun tidur kucek-kucek mata apaan nih. Liat FB, temen2 food blogger lama banyak yang ngetag. Apal mereka sama foto2 makanankuWajah dengan air mata bahagia Msh gak ngerti ada apaan kenapa rame2 klepon krn bnyk post linknya udah di delete. Ternyata oh ternyata tak Islami (Gugah bobo ngucek-ngucek panon aya naon ieu. Ninggal FB, rerencangan foodbloger kapungkur seueur nu nga-tag. Apal aranjeunna ka foto-foto emameun kuring. Raray cipanon bahagia. Masih teu ngarti aya naon rame-rame klepon soalna seueur post link-na tos diharapus. Nyahona teu islami,” lajengna di akun twitter @ditut.

Nu jadi pertanyaan, saha nu nyieun foto ieu? Masih can kapanggih da postinganna geus kaburu dihapus. Terus naon motif ti anjeunna nyarios klepon teu islami? Ti iraha dahareun gaduh agama? Nalika anjeunna nyebut korma dahareun nu islami, da angger, teu aya cap agama dinu dahareun. Islam ngaharamkeun dahareun pastina aya nu salah dina éta dahareun, boh éta tina kandunganna atawa kaséhatan arurang ngkéna. Salila ieu, kuring dahar klepon. Allhamdulillah, raos-raos waé, teu aya bahan “teu islami” dina resép-resépna.

Teu lila ti kasus ieu, langsung muncul kasus ogé nu langsung ramé di média sosial. Nyaéta hiji vidio ti Ustad Erwandi Tarmizi nu ngajelaskeun kunaon Go-Food haram. Di vidio nu durasina kirang langkung dua menitan ieu, anjeunna ngajelaskeun soal pambagéan persénan ngeunaan Go-Food.

“Jadi sabenerna nalika driver gojek tadi mangmésérkeun pesenan anjeun, nganggé artos Gojek atawa artos anjeun? Berarti anjeunna nginjeumkeun artos ka anjeun, leres? Diinjeumkeun lah 85% margi anjeunna kénging fee ti si merchant tadi, paham?” saur Ustad Erwandi Tarmizi nu tos disunting kana basa Sunda.

“Pami harga dahareun tadi Rp 100 rébu berarti anjeun diinjeumkeun artos Rp 85 rébu. Ngke ditagih ka anjeun sabaraha? Dalapan puluh lima atawa saratus? Padahal di struk diserat Rp 100 rébu. Nambut artos Rp 85 rébu dibayar saratus naon tah ngaranna? lajengna.

Leres, pami nambut dalapan lima dibayar saratus éta namina riba. Tapi nu disebatkeun ku Ustad teu sadayana leres. 15% kanggo merchant ieu sanés pasualan riba atau teu riba. Tapi pasualan nalika mechant memang wajib bayar saageung 15 % ka Go-Food da dahareun si merchant ieu muncul di aplikasi. Jadi, ieu sanés pasualan riba atau teu riba. Tapi pasualan kumaha para merchant nguntungkeun ka pihak Go-Food, ogé kumaha cara tim Go-Food nu nguntungkeun para merchant ku cara ngapromosikeun dagangan merchant di aplikasi Go-Food.

Jadi, lamun mesen klepon di aplikasi Go-Food kumaha tah? Hihi.