Kaulinan Tradisional Barudak Sunda – Wasunda

Sumber ilustrasi: budaya-indonesia.org

Ngaregepkeun ku raména zaman kiwari, timimiti tekhnologi nepi ka kabiasaan atawa pola hirup barudak anu jauh tina kecap sauyunan. Ku salahna ngagunakeun téhnologi, jadi sabab musabab ngarubah kahirupan barudak anu sakuduna bisa ngaéksplor “dunia”na jeung lingkunganna. Gaul jeung barudak saumurna, ulin sakaligus ngasar kacerdasan motorik, ngalatih kakompakan jeung balad, ogé ngajaga kaséhatan barudak sabab barudak loba gerak.

Dua conto kaulinan barudak sunda anu ayeuna geus jarang dilakukeun ku barudakna, nyaéta boy-boyan jeung ucing biul jeung hayam.

Kaulinan anu kahiji, boy-boyan. Kaulinan ieu biasana sok dilakukeun ku dua tim anu saimbang. Alat anu digunakeun ogé ka itung sederhana, diantarana bal-balan tina daun kalapa anu geus meunang nganyam. Bentukna segi opat atawa kubus. Ngahaja naha beut maké bal-balan tina anyaman kalapa, supaya lamun dibalédogkeun henteu nyeri kana awak. Alat anu kadua nyaéta kenténg anu geus dibéré bentuk buleud, tapi ukuranna béda-béda. Kenténg anu paling handap boga ukuran pang gedéna, sabab jadi puhuna. Kenténg ieu ditumpuk, ukuranna beuki luhur beuki leutik. Jumlahna bisa nyesuéikeun, bisa sapuluh atawa lima welas.

Cara maénkeun ieu kaulinan ogé gampang. Kahiji nyieun heula tim anu lobana dua tim anu saimbang, timimiti jumlahna atawa kamampuanna. Kadua, tumpukeun kenténg tinu pang gedéna nepi kanu pang leutikna. Katilu, kokolot tiap tim nentukeun tim saha anu ngajaga tiheula. Tugas tim anu ngajaga nyaéta ngajaga bénténg atawa tumpukan kenténg sangkan ulah nangtung. Sedengkeun tugas tim lawan nyaéta ngadegkeun deui bénténg.

Tim lawan maén tiheula. Unggal anggota timna kudu ngaruntuhkeun bénténg kucara malédog bénténg nepi ka runtuh, jarakna hasil kasapakatan kadua tim anu maén. Masing-masing anggota boga jatah malédog bénténg sakali nepi ka tilu kali. Lamun sadaya anggota tim lawan teu aya anu bisa ngaruntuhkeun bénténg, gantian tim lawan jadi tim panjaga jeung kitu ogé sabalikna. 

Lamun tim lawan bisa ngaruntuhkeun bénténg, tim ucing bakal nyebar nuturkeun tim lawan sangkan lamun malédog bakal keuna kana awak tim lawan. Sedengkeun tim lawan kudu kabur jang ngahindar tina inceran tim panjaga. Tim lawan bisa meunang lamun bénténgna bisa ngadeg, tapi lamun seug kabéh anggota tim lawan beunang wayahna ganti deui anu penjaga jadi lawan anu lawan jadi panjaga.

Lamun tumpukan kenténg ieu bisa ngadeg, pamaén anu bisa nyusun kudu ngagorowok “booi” skor rubah jadi 1-0. Tim lawan anu meunang ngalakukeun babak anu anyar deui.

Manfaat kaulinan boy-boyan ieu alus pisan pikeun ngalatih méntal, fisik, cekatan, kalincahan jeung kamampuan kakompakan dina tim. Salain éta, barudak bakal akrab jeung babaturan dilingkunganna. 

Kaulinan anu kadua, nyaéta hahayaman atawa biul ngalawan hayam. Dina kaulinan ieu, saurang anu jadi hayam, saurang anu jadi biul, sedengkeun pamaén anu lainna jadi kandangna. tugas pamaén anu jadi kandang cukup ngalingkung buleud sabari pacepeng-cepeng leungeun anu dibentangkeun, sedengkeun tugas hayam nyaéta lumpat ngahindar tina sasaran si biul anu bakal ngudag kamana waé anu jadi hayamna lumpat. Tugas si biul nyaéta ngudag si hayam nepi ka beunang. Lamun hayamna asup kana kandang, pamaén anu ngalingkung jadi kandang buru-buru ngaréngkép sangkan biul teu bisa asup.  

Lamun hayam geu beunang atawa biul teu bisa asup kana kandang, kaulinan ieu dituluykeun ku ngundi deui pamaén anu jadi hayam jeung biulna. biasana sok maké lagu jongjang wayang atawa cingciripit.

Kaulinan ieu bisa ngalatih méntal, fisik, kalincahan jeung kacerdikan. 

Kaulinan tradisional sabenerna kudu tuluy dilestarikeun sabab loba pisan manfaat anu bisa dijadikeun palajaran jang barudak. 

Penulis : Muhamad Hasanudin