Kampung Adat Ciptagelar, Budaya Aman ku Ngigelan Jaman. – Wasunda

Masarakat Kampung Adat Ciptagelar. Potrét/Elva Yulia S.

Kampung adat hususna di Jawa Barat biasana idéntik jeung kampung adat Baduy, Banten. Padahal di Sukabumi aya kampung adat nu teu éléh dina nyindekel kana tradisi. Masarakat hukum adat nu dumuk di kawasan Gunung Halimun-Salak nu mangrupa bagian ti kawasan Taman Nasional Gunung Halimun jeung Gunung Salak téh nyaéta Kampung Gedé Kesepuhan Ciptagelar anu ogé diriung ku gunung séjénna, saperti Gunung Surandil, Gunung Karancang, jeung Gunung Kendeng.

Kampung adat nu aya di Kampung Sukamulya, Desa Sirnaresmi, Kecamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi. Wilayahna ogé ngawengku Kabupatén Lebak, Kabupatén Bogor jeung Kabupatén Sukabumi.

Nu ngabédakeun kampung adat Ciptagelar jeung kampung adat séjénna nyaéta dina masalah tehnologi. Kampung adat nu ngadeg kurang leuwih ti taun 1368 téh miboga sumber tanaga listrik sorangan. Teu saukur éta, kampung adat Ciptagelar ogé miboga stasion radi jeung tipina sorangan, nu diaranan CIGA TV.

Salian ti éta aya hukum adat anu unik, nyaéta masarakat kampung adat Ciptagelar haram hukumna pikeun jual-beuli béas. Ieu hal dilantarankeun masarakat ciptagelar percaya yén béas té simbol tina harga diri manusa, anu dimana upama ngajual-beulikeun béas téh sarua jeung ngajual-beulikeun harga diri sorangan. Nu matak masarakat kampung ciptagelar can pernah  kakurangan béas.

Éta hal nu ngalantarankeun kampung adat ciptagelar kaasup kana déstinasi wisata. Saha waé tiasa datang ka kampung adat Ciptagelar. Bédana sanajan bisa kasebut tempat wisata, Ciptagelar henteu néangan untung tina ngajualan karcis.

Cara sangkan bisa ka ciptagelar ogé cukup komunikasi jeung warga nu bisa ngokolakeun tamu, “kantun komunikasi sareng urang dieu nu biasa ngokolakeun tamu, ka Pa Kadus atanapi Pa Upar atanapi tiasa ogé ka Kang Yoyo,” ceuk Néng Elva nu mangrupa rayi ti Pupuhu Kampung Adat Ciptagelar, Abah Ugi.

Upama sindang ka kampung adat Ciptagelar ngawajibkeun maké iket (lalaki) jeung sinjang (awéwé), ogé wisatawan nu datang ka ciptagelar kudu nuturkeun kana aturan nu lumaku.

Sanajan geus loba nu wanoh jeung loba nu pakansi ka ciptagelar, teu pati mangaruhan kana kahirupan hususna tradisi nu lumaku sabab ku lobana wisatawan nu datang ka ciptagelar bisa ngajadikeun bahan keur silih diajar, asal teu kaluar tina tetekon nu geus lumaku. “Saleresna ku ayana nu sindang ka ciptagelar teu mangaruhan kana unsur kabudayaan nu aya. Ngan nitip upami amengan kadieu kedah tanggung jawab ka dirina masing-masing, hususna dina masalah runtah, sanaos aya nu ngabersihkeun ogé anging sok aya waé nu teu sadar kitu,” ceuk Néng Elva basa diwawancara ngaliwatan Whatsapp (10/07).

Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar bisa jadi déstinasi wisata anu cocok pikeun anu resep kana kabudayaan. Utamana sabab loba kénéh tradisi adat saperti, ngaseuk, mipit, nutu, nganyaran, jeung ponggokan nu dipungkas ku sérén taun. Sérén taun nu biasana di bulan Agustus atawa Séptémber jadi puncak dina acara kagiatan ritual melak paré unggal taunna.

Satuluyna ogé, dina runtuyan acara ieu aya pintonan seni saperti, Jipéng, Topéng, Angklung Buhun, Wayang Golék, Ujungan, Debus, jeung Carita Pantun.


Nutu Paré Anyar 2020. Potrét/Elvayulias Tradisi “Ngunjal atawa mindahkeun paré hasil moékeun ka leuit. Potrét/Elvayulias

Penulis : Agung Apryan