Hutang Deui. – Wasunda

Sumber: agoda.com.

Isuk-isuk kénéh si Kabayan jeung Nyi Iteung geus siap-siap indit kasawah. Dék ngagarap hanca anu kamari can kaburu réngsé. Henteu kungsi lila, datang jang Engkus anu masih maké sarung di soréndangkeun kana taktak katuhuna. Dina pikiran si Kabayan, jang Engkus pasti pulang balik ngaronda. Lamun teu ngilu saré pasti dék nagih hutang.

“aya naon jang Engkus, wayah kieu geus nyémah?” ceuk nyi Iteung, curiga.

“ah henteu ceu, hoyong wé ameng kadieu.” Tembalna sabari ningali si Kabayan anu keur diuk .

“engké atuh pasosoré upami badé ameng mah, ayeuna mah akang sareng eceuna badé mios ka sawah.” Ceuk nyi Iteung rada maksa.

“wios ayeuna wé ceu amengna.”

“teras jang Engkus aya kapriyogian naon kadieu isuk kénéh téh? Asa rareuwas eceu mah.”

Ah henteu, hoyong ameng wé ceu.”

“éh kumaha, kapan euceu sareng akang nag ogé badé mios ka sawah ayeuna mah.”

“mangga ceu.”

“éh, naha kitunya?” nyi Iteung bingung. “cik atuh Kabayan bantuan pang nanyakeun aya naon jang Engkus datang kadieu téh?”

Si Kabayan ngadéhém, tuluy nyarita.

“jang Engkus, cik tujuanna ujang dongkap kadieu téh badé naon anu leresna?”

“tah kang, upami tujuanna abdi dongkap kadieu mah badé ameng kang.” Témbal jang Engkus sabari ngélémés seuri.

“muhun upami badé ameng mah engké soré, saatos akang uih ti sawah.”

“wios ayeuna wé kang.”

“éh kumaha ieu téh iteung? Lieu kuring mah, isuk kénéh geus aya wé pimasalaheun téh. Emh, tobat Gusti.” Si Kabayan gagaro sirah. “cik Iteung tanya ku manéh.” Si Kabayan kalah malik nitah.

“emh, kieu puguh gé ari boga salaki anu teu bisa dianelkeun téh.” Ceuk nyi Iteung ari semu rada judes ka si Kabayan.

“kieu panginten jang Engkus, hapunten bilih euceu kumawantun ka ujang. Cing eceu badé naros, upami maksud jang Engkus dongkap kadieu téh bade naon? Badé konsultasi perkawis rumah tanggi atanapi sanés? Upami leres, ceuk euceu mah mening konsultasi ka batur we. Apal sorangan si kang Kabayan mah teu tiasa diandelkeun perkara rumah tanggi mah…”

“éh Iteu, naha kalah jadi curhat? Cing sok sing benernanya téh.” Si Kabayan motong carita nyi Iteung. “geus jempé Iteung. Ku kuring wé urusan kieu mah.  Yeuh jang Engkus, anu leresna badé ngobrolkeun naon ujang téh? Masalah pagawéan atawa masalah piduiten?”

“leres, piartoseun kang.” Tembal jang Engkus.

“ééh, naha teu titadi nyarios atuh jang Engkus? Aduh jadi isin euceu, sok calik heula atuh jang. Kedah kalem upami badé ngobrol piartosen mah, mé lancar. Sanés kitu kang kabayan?” nyi Iteung ujug-ujug soméah ari ngadangu artos mah.

Gék atuh jang Engkus calik dina korsi, di tengah imah si Kabayan.

“jang Engkus badé ngaleueut naon, kopi atanapi ci entéh?” nyi Iteung nawaran.

“Iteung nanaonan ari manéh?” si Kabayan teu satuju. “teu kedahnya jang.”

“wios cai kopi wé ceu.” Penta jang Engkus sabari dua leungeunna teu leupas tina sarung anu di soréndangkeun.

Teu lila tikitu, datang nyi Iteung mawa ci kopi kana gelas, sok disuguhkeun di hareupewun jang Engkus.

“mangga jang dileueut kopina.” Titah nyi Iteung.

“nuhun ceu. Alah janten ngarépotkeun.”

“henteu jang, atos sakedahna ka sémah mah. Kedah dilayanan sapertos raja, upami saur paribasa mah.”

“tah janten kieu panginten maksad abdi dongkap kadieu téh badé nagih artos anu kapungkur ditambut ku kang Kabayan.”

“euh bener pirasat kuring. Paingan teu genah rarasaan iteung.”

“ah dasar. Da gara-gara manéh Kabayan, der kalah ngahutang teu bébéja. Jang engkus deuih, suganmah bener dék nyaritakeun piduiteun.”

“kanggé abdi mah piartosen ceu.”

“geus kieu wé jang .” si Kabayan motong. “kanggé ayeuna mah akang moal tiasa mayar hutang heula, antosan wé tilu bulan deui akang panen, insyaalloh ku akang dibayar.”

“aduh lami kénéh tilu bulan mah kang.”

“ih sanés lami, ujang dongkapna téréh teuing. Coba mun tilu bulan deui, moal lila gera.”

“aduh kumahanya? Abdi gé priyogi kanggé mayar hutang ka ceu Eroh kang.”

“nya teu kukumaha, éta mah urusan ujang. Kantun bayar ku ujang ka ceu Eroh.” Tembal si Kabayan.

“muhun kapan artosna Ge ku akang, janten abdi bade mayar té ku artos anu di akang.”

“ish, naha bet jadi ku akang di bayarna? Apanan éta mah urusan ujang sareng ceu Eroh.”

“kéla, jadi abdi anu lieurnya kang.” Jang Engkus ngobrol sorangan.

“muhun jang, beut eceu gé lieur ngabandungan hutang mah. Geus wé ayeuna mah, éta kopi séépkeun heula teras jang Engkus uih. Ku jang Engkus pikiran naha bet kang Kabayan mayar hutang ujang ka ceu Eroh? Apanan anu gaduh urusan na ogé ujang.” Ceuk nyi Iteung

Tungtungna jang engkus balik bari mawa lamunan.

“heueuh, bener ogénya. Anu boga hutang pan kuring naha kang Kabayan ngilu riweuhnya?”  ceuk jang Engkus sabari gagaro sirah.

Editor : Muhamad Hasanudin