Hayu Babarengan Ngalawan Hoaks! – Wasunda

Foto: jabarprov.go.id

Sajumlah dampak nu teu saé ti kasebarna hoaks di masyarakat diantawisna ngarusak ékosistem informasi nu micu kabingungngan di masyarakat, dimana masayarakat teu tiasa ngabédakeun mana informasi nu valid sareng heunteu. Ku kituna nu didugikeun ku Dosén Fakultas Ilmu Komunikasi Universitas Islam Bandung (Unisba), Santi Indra Astuti.

“Akhir-akhir ieu kapendak informasina teu valid atawa hoaks. Tapi, énérgima tos kagok kacurah kanggo ngurus informasi nu teu bener,” saur Santi, dikutip sareng disunting ti situs resmi Pemerintah Provinsi Jawa Barat (23/7/2020).

Saur Santi, hoaks tiasa nyieun masyarakat salah dina nyandak kaputusan, khusuna kakait Covid-19 nu jadina bisa kénging akibat nu fatal kanggo diri nyalira atawa batur.

“Kumargi percaya ka hoaks, anjeunna nolak kanggo berobat jadina jalmi nu nyandak kaputusan nu salah sareng kénging akibat nu fatal kanggo hirupna,” saurna

Santi nyarios, aya seueur cara nu bisa dilakonan ku masyarakat kakait nyegah hoaks, diantawisna nyaéta kedah hati-hati ku narasi nu provokatif sareng kaleuleuwihan, ogé haks nu sering nganggo kecap-kecap sénsasional nu maksudna ngadiskréditkeun hiji pihak.

“Pami ninggal warta ku narasi atawa judul nu provokatif, masyarakat saéna milari informasi sanés nu sami ti situs daring resmi atawa média arus mimiti. Ciri hoaks nu sanésna nyaéta ajakan kanggo ngaviralkeun,” saurna.

Santi nambahkeun, kanggo terang informasi nu dicandak di média ieu leres atawa heunteuna tiasa dilaksanakeun validasi atawa vérifikasi informasi boh éta ngecék ogé ricék salah benerna warta liwat cara ngecék link informasi éta.

“Biasana pami hoaks ieu nyertakeun link. Cék link-na. leres jiga kitu atawa heunteu. Pami sesah maca tanda-tanda hoaks, masyarakat saéna ngaklarifikasi informasi ka situs atawa instansi cék fakta, salah sahijina JSH,” saurna.

Santi nyarios yén hoaks ngeunaan Covid-19 ieu kedah dilawan babarengan, dimana masyarakat tiasa janten hoaks booster dina ngalakonan klarifikasi nalika ninggal hoaks kasebar di média sosial atawa aplikasi percakapan.

“Pami ninggal hoaks, tong cicing waé, tapi laporkeun sareng klarifikasi. Jadi moal aya gunana, arurang terang informasi ieu bohong, tapi éta ngan saukur eureun di diri nyalira. Kami kudu ngimbangan hoaks dina ngapublikasikeun hasil klarifikasi hoaks nu berédar,” saurna.