Hawu Tempat Semédi – Wasunda

Foto : Mantik-Photoworks

Jang Rustam guling gasah teu genah rarasaan di imahna. Ningali salakina kitu, atuh si Néng Onéng ogé milu teu puguh rarasaan. Seuseuheun diantep, wadah anu kalotor dina baskom diculkeun. Bener, moal bener ari rarasaan jeung pikiran teu sarua mah. Sok kalah teu bener lamun dipaksakeun ogé. Enya ogé aya rasa sieun, Néng Onéng datang nyinghareup Jang Rustam anu keur dieuk dina dipan hareupeun hawu. 

“kang.” Néng Onéng ngagero.

“emh.” Ceuk Jang Rustam, ngagerem tapi teu ngalieuk.

“atuh kunaon akang téh? Ti isuk jedur dugi ka soré jegir teu ingkah tina dipan, aya masalah naon atuh akang téh? Néng mah asa rareuwas, kang.” Ceuk Néng Onéng  anu ngilu diuk dina dipan.

Jang rustam jempé, ngarasa masalah anu tuluy di pikiran ieu henteu pantes lamun diomongkeun ka pamajikanana.

“akang téh teu kengeng géngsi atuh, sok curhat ka Néng. Sok sanajan Néng teu tiasa masihan solusi, sahenteuna Néng tiasa mantosan mikiran naon anu jadi beban akang.”

Jang Rustam angger ngalamun, siga teu ngadéngékeun naon anu diucapkeun ku Néng Onéng.

“tapi éta ogé henteu langkung akang, saupamina henteu raraos upami di carioskeun mah teu sawios. Namun Néng mah nedunan janji Néng ka akang. Janji anu kantos diucapkeun ka akang, yén masalah akang masalah Néng ogé. Néng atos janji bakal janten istri anu ngadangukeun sagala keluh kesah akang anu janten salaki Néng. Néng moal ngejat lamun akang aya masalah, Néng bakal nyarengan akang.” Ceuk Néng Onéng sabari cirambai cai socana, émut kana pangalaman hirup anu geus diliwatan kuduaan. Rék susah atawa senang kaasaan babarengan. 

“kang Néng mah teu nyuhunkeun anu anéh tur méwah ti akang. Néng mah cukup nyuhunkeun akang janten salaki Néng salawasna.”

Ngadéngé kitu, Jang Rustam cireumbay. Tuluy ceurik sabari nangkeup harigu, éra ku kasatiaan pamajinanna anu sakitu nyaah jeung satia kamanéhna. 

“Néng, akang téh jalmi teu gaduh. Miskin harta akang mah.” Ceuk si Jang Rustam sabari ceurik sesenggukan.

“muhun kang, atos terang néng ogé. Sateuacan nikah, akang mineng nyarios kitu sabari maksa supaya Néng narima cintana akang.”

“akang mah sok sieun lamun Néng Onéng nikah ka batur, mening engeusan hirup téh.” 

“tah kang, ayeuna Néng atos janten pamajikan akang. Néng nyuhunkeun ka akang, akang kudu tetep hirup sanajan akan teu guna jadi pamingpin di kulawarga. Abdi mah alim janten janda kang. Matak ayeuna mah hayu urang babarengan kang.”

Si Jang Rustam ungleuk.

Editor : Muhamad Hasanudin