Ditinggalkeun Kawin! – Wasunda

Sumber ilustrasi : M. Hasanudin

Surabaya boga carita, ngalibatkeun kuring jeung anjeuna. Sebut wé ngarana Ayu, manéhna asli urang Surabaya. Pangih pas waktu harita kuring lalajo Pérsib anu keur lawatan ka Surabaya ngalawan Persébaya. Panggih kusabab teu kahaja, pédah anjeuna ménta pang motokeun di pipir Stadion Gelora Bung Tomo jeung baladna. 

“hatur nuhun a.” Pok anjeuna bari saleuseurian jeung babaturanna anu sarua Bonita. 

“muhun sami-sami, mbak.” Témbal kuring bari seuri semu éra.

“kang, ada akun instagram? Biar kita bisa saling kenal, kan kita sodara.”

Kuring seuri rada kagé’éran. Kuring rada ngaréndéng jeung manéhna nyaruakeun ngaran akun tuluy silih follow. Sing horéng teu nepi ka palebah dinya, saminggu saenggeus pangih éta anjeunna ménta no WA. Awalna mah euweuh rasa bogoh ka anjeuna, da eukeurmah kuring boga kabogoh asli Garut. Geus leuwih ti tilu taun bobogohan jeung manéhna, asa piraku lamun kudu salingkuh komo putus gara-gara hal seperti kieu. 

Lima bulan tiharita, Garut jadi saksi putusna hubungan kuring jeung Euis. Gara-garana ngan hiji, manéhna ningali chatsapeuting anu teu kungsi ku kuring dihapus. 

Intina Peuting tadi si Ayu urang Surabaya ieu ngajak serius, embung ngan saukur jadi babaturan tapi aya hubungan leuwih sanajan kuring di Garut manéhna di Surabaya. 

Dasar ari anu ngarana sétan, kabisana ngan ngagoda jeung ngagoda. Gara-gara si sétan ieu, ahirna kuring ngajawab “sami, saleresna abdi ogé cinta ka Ayu”.

Opat bulan saenggeus jadian kuring ngarasa hirup normal jeung kabogoh anu anyar, sedengkeun Euis masih kasiksa ku codékana kuring ka manéhna.

“a, Euis masih teu nampi aa milih Ayu tibatan abdi. Nyeri a, nyeriii! Kurang kumaha Euis ka aa? Kurang kumaha Euis bélana ka aa?”

Ngadéngé Euis nyarita, soca jol cirambay teu kuat ningali awéwé anu baheula pernah ku kuring dipikanyaah, diperhatikeun jeung dibagéakun. Ayeuna manéhna geus lain sasaha, tugas kuring ayeuna ménta hampura tuluy pohokeun sagala anu aya kakaitan jeung manéhna. 

Tidinya kuring kakara sadar yén sétan beuki tarik usahana. Hubungan kuring jeung si Ayu ngan kur kuat sawelas bulan, putus gara-gara kuring hésé dihubungi. Pikiran kuring teu bisa lésot tina bayangan Euis, Euis jeung Euis. 

Kuring babalik pikir. Baheula, kuring indit usaha boga niat supaya kuring bisa ngahalalkeun Euis. Tiap unggal gajian, duit ku kuring dibikeun kamanéhna sangkan diatur jang kabutuhan sabaraha, jang nabung sabaraha. Sagalana di itung, apik. Saking apikna, kuring karék nyadar singhoréng duit dina ATM geus aya mang puluh-puluh juta. Jadi salila ieu duit gaji anu katarima tina pagawéan kuring, kabéh ku manéhna ditabungkeun. Sedengkeun jang kabutuhan sapoppoé, manéhna anu nyukupan tina gajina sorangan. 

Hanjakal sarébu hanjakal. Waktu teu bisa diputer, jalan geus teu bisa disorang. Baheula susah senang babarengan, ayeuna iwalti kaduhung teu aya panglumpatan. 

Daripada kudu gélo, leuwih hadé kuring indit ka imahna nyampeurkeun Euis. Mudah-mudahan masih kénéh aya harepan pikeun kuring nepungkeun hubungan anu kungsi pepegatan. 

Deg! Haté ngarandeg. Dipipir imahna geus ramé ku ibu-ibu anu mantuan lumaku sabari ngobrol ngalér ngidul. Bapa-bapana rempeg ngahias imah jeung pangung. 

Haté geus teu puguh rarasaan, tuur leuleus teu kuat nahan beban. Cisoca jol mapai ngaliwatan pipi anu teu pernah kahontal ku pikiran. Kuring ngan sauukur bisa tungkul, ngararasakeun kaayaan.

Meureun ieu geus kudu jadi jalana, kuring kudu papisah jeung Euis. Euweuh deui jalan iwalti tawakal, sumerah diri kanu Maha Kawasa jeung ménta sadaya panghampura-Na sangkan kuring sangup nyinghareupan dunya. Mémang ieu salah kuring. Kuring ngaku, kuring sadar.