Cinta Anu Asli – Wasunda

Sumber: Donisetyawan.com

Hujan ngaririncik, angin leutik ngahébos ngarampa kulit punuk anu teu katutupan ku sarung. Haseup roko jeung kopi anyar ninyuh terus kekepulan malaratan langit anu keur ditangtayungan ku méga menung. Bulan jeung béntang katutup ku méga anu teu katempo  wujudna siga kumaha. Ngagulung jeung digulung ku angin sakahayangna. Iwal ti kilat anu buburicakan ti kajauhan, nyaangan lamunan diri sorangan anu teu leupas tina kamelang mikiran manéhna. Saban usik, saban waktu, létah ieu teu bisa lésot tina do’a. Do’a anu ngahaja diucapkeun jang si manéhna. Haté ieu teu bisa eureun ngagerentes maksa sangka Gusti Allah uninga kana sagala rupa anu dirasa jeung diharepkeun ku umatna. Hiji istri anu matak ngaracunan diri. Henteu kudu lalajo film komedi sangkan kuring bisa seuri, henteu kudu diajak ulin ka Alun-alun Bandung sangkan kuring bisa bungah, henteu kudu diangkat jadi menteri sangkan kuring bisa bangga. Cukup inget kamanéhna kuring geus bisa ngarasa sagalana dina waktu anu sarua.Lain ku masalah geulisna, lain ku masalah bageurna, lain ku masalah pinterna. Tapi manéhna ngan hiji-hijina istri anu daék narima kana sakumaha kaayaan diri. Diri anu jauh tina kabeungharan, teu boga prestasi anu bisa dibanggakeun salianti kuring bangga jadi diri sorangan. Lamunan kuring peuting ieu bener-bener ngingetan kana sagala rupa perjoangan jeung béla manéhna pikeun hirup kuring. Kahadéan paripolah anu moal mungkin kabales ku ucapan “kuring nya’ah ka anjeun.”Pikeun kuring anu unggal poé kabungbulengan ku cinta, henteu gampang ngawujudkeun kanya’ah anu bener-bener asli. Kanya’ah anu lain ku sabab fisik, harta atawa tahta. Tapi murni tina kanya’ah diri. Gunung Guntur jadi saksi peuting ayeuna. Peuting anu pinuh ku ucapan jeung obrolan antara kuring jeung Gusti Alloh.

Babaturan kuring waktu harita kungsi nyarita. Manéhna nitah sangkan kuring remen hudang unggal janari kanggé nikung istri anu diidam idamkeun ku kuring di sapertilu peuting. Ceuk kuring, masalah jodo lain masalah négo, perkara jodo geus tangtu, moal pahili komo patukeur. Intina lain perkara menta, tapi perkara usaha. Usaha sangkan kuring bisa jadi jalma anu dipikahayang ku diri sorangan alias jadi jalma anu merdeka.