Urang Tiluan

Wasunda/ Syifa Deana Putri

Carita – Kolot éta tos pasti, ngora nyaéta pilihan. Kabéh kolot tangtu pasti rumasa jadi budak ngora. Tapi, kabéh budak ngora can tangtu rumasa jadi kolot. Terus kumaha mun budak leutik?

“Kumaha ayeuna?” Cek urang serak sabari diuk nilep tuur na sisi jalan raya, neduhan di hareup toko nu tutup kusabab peuting. Gerimis praspris nu teu kunjung raat masih kénéh setia ngabaseuhan bumi, moal raat dugi ka Subuh panginten.

“Ulah sieun, Urang aya roti, mahi dibagi tilu mah.” Ihsan nu nangtung di hareup Urang muka jero kantong selendangna, ngaluarkeun roti buleud na plastik terus dibagi tilu. Bagian kahiji keur Urang, kadua keur budak awéwé cicingeun di sisi Urang, bagian katilu keur manéhna.

“Maranéh dahar tiheula, Urang mah can lapar.” Ihsan neruskeun sabari ngabalikkeun awakna nukangan keur saukur ngadepan turunna jutaan cai. Teu loba pikir, Urang langsung ngabéakeun éta roti.

“Jalmi-jalmi parantos terléna dina impen maranéhanana. Teu ningali tilu murangkalih anu terdampar. Ngan praspris anu sok ngabageuran, setia nutupan kahanjelu urang.” Puisi Ihsan nutup lahapan terakhir roti urang nu tos asup kabéh ka jero beuteung. Jigana manéhna geus beranjak gedé dina pamikiran. Leuwih di luhureun urang, komo jeung budak awéwé di sisieun mah.

Terdampar?” Urang nanya.

“Muhun, Din, Urang téh keur terdampar di kampung halaman sendiri.”

“Kumaha lamun terbuang?”

“Bisa jadi Tapi Urang kurang resep.” Ihsan nulak cangkéng. Masih nukangan.

Terasingkan?”

“Umum teuing.”

“Lamun terlupakan?” Ihsan cicing.

“Simpén éta kabéh di otak manéh, Din. Mun dijawab moal aya tungtungna. Oké, waktuna saré!”

Urang duaan seuseurian sabab hal biasa iyeu. Ani, budak awéwé éta mah ngan saukur ngangguk waé satuju. Teu méwah, Urang saré di dinya kénéh paké alas jeung salimut saayana.

***

Isuk-isuk datang lalaunan sabérésna Subuh. Leumpang titilu budak leutik gagah pisan. Ihsan di tengah, sabab manéhna pamingpina, Ani di kencana, urang di beulah katuhu si Ihsan. Gagah pisan aslina. Urang leumpang geus jiga pengawal pribadi raja.

“Terus ayeuna kamana?” Urang nanya.

“Wanayasa!” Jawab pamingpin urang.

“Dimana éta téh, San? Can pernah ngadéngé ngaran éta tempat di Bandung iyeu.”

“Manéh nu tara gaul, Din. Lobakeun nginum cai hérang mantakan.”

“Di Bandung Barat?” Tanya Urang panasaran.

“Lain!”

“Bandung Kota?”

“Lain!”

“Kabupatén Bandung?”

“Lain, Din, lain! Lain di Bandung pokona mah. Nggeus heup cicing. Urang keur mikir!”

“Aya anjing, A!” Ani ngomong alon pisan. Di hareup geus siap-siap anjing pemburu. Seukeut sorot matana ka arurang. Ihsan ngabéntangkeun kadua leungeuna ngahalangan urang jeung Ani supaya cicing hela. Tapi béda jeung kajadian, anjing éta malah lumpat bari ngagogogan ka urang tiluan, spontan wéh urang lumpat tarik sabisana. Tapi pas lumayan jauh aya nu ganjil, Ihsan jeung Ani mah cicing waé di tempat, malahan nyeungseurikeun urang.

“Ari manéh kunaon, Din? Anjing pan ditalian, moal bisa noél-noél acan.” Ihsan ngalédék pas nepi di gigir urang. Ani malahan céngéngésan deuih.

“Manéh teu sieun, Ani?” Ceuk Urang. Manéhna cicing heula saacan ngawaler.

“Abdi mah percanten ka A Ihsan.” Jawabna sabari isin-isin.

“Geus lah. Ayeuna naon rencana manéh, San?” Urang nanya ka Ihsan. Manéhna rada mikir saeutik.

“Tujuana nyaéta Wanayasa, tapi kudu aya kandaraan. Kusabab euweuh duit, Urang geus mutuskeun arék ngéténg mobil. Kumaha, Din?”

“TIDAK!” Langsung Urang nolak yakin, “Bahaya, San. Mun ditabrak mah lain sulap, paéh nu aya. Unggal poé Urang nempo budak leutik nu kos kitu, hampir paéh, San, hampir paéh. Pokona Urang teu satuju!” Lumayan rasional panolakan Urang.

“Kumaha lamun poling waé? Keputusana ningali ti panglobana suara.” Ihsan diplomatis.

“Teu sieun, Urang tetep teu satuju!” Saur Urang yakin, tapi jigana rada buru-buru teuing.

“Kumaha, Ani?” Ihsan nanya sabari sorot matana nu pinuh kameunangan.

“Abdi mah percanten ka A Ihsan. Janten ngiring A Ihsan waé.” Saurna polos pisan. Ihsan seuri ngalédék, terus ngarangkul ka Urang sabari ngucap, “Ulah sieun. Urang sadayana InsyaAllah salamat dugi tujuan, Din. Nu penting nyaéta, ulah geura-geura ngomong teu satuju. Kudu seubeuh méméh dahar, kudu nepi méméh indit.”

Ahirna, hiji tanda tanya hadir deui na otak Urang.

“San, Wanayasa téh ayana di Sumedang kitu nya?”

***

Hirup sakapeung mah sok seueur kaleresan. Tapi, kaleresan sareng nteu, ngan saukur kecap sareng bahan obrolan unggal dintena. Padahal mah dinu kaayaan sareng kanyataanana teu kitu.

Urang tiluan geus beberaha kali nyegat mangrupa-rupa mobil, ti mobil pribadi, mobil angkot, beus, treuk, nepi metro mini, ngan saukur milu ka tempat nu ngarana Wanayasa. Dipépéd tepi ka arék katabrak geus dilakonan. Teu meunang-meunang. Tapi da Gusti Allah mah kacida bageurna, dibéré ka urang tiluan hiji durén nu ngagulundung duka timana. Nyaéta amprok jeung Aki-aki keur ngadeluk meneran ranté.

“Ki, tiasa dibantos?” Ihsan nanyaan. Si Aki cicing waé nukangan sabari sibuk sosoranganan. Ihsan teu eureun nanyaan kajeun teu dijawab gé. Teu dititah teu naon, Ani ngadeukeutan si Aki sabari cingogo.

“Aki, hapunten, tiasa ku Abdi dibantosan panginten?” Lemes pisan basana, khas asli Sunda Bandung. Aslina.

Si Aki cicing sakeudeung. Ngalieuk ka si Ani.

“Ani?” Si Aki jiga reuwas ningali si Ani.

“Abah?” Ani malesan saruana reuwas, langsung waé nangkeup si Aki. Duanana ceurik, jiga nu geus lila teu amprok.

“Abah, tepangkeun iyeu A Imanudin sareng A Ihsanudin, réncangan Ani. Ayeuna InsyaAllah badé angkat ka Wanayasa.”

“Maranéh nu ngajagaan Ani salila iyeu?” Si Aki nanya rada teu percayaan.

“Muhun, Ki.” Ihsan ngajawab.

“Nya nggeus, saria duaan bantuan Aing. Mun geus bener, paké waé béca iyeu ka Wanayasa. Ani antosan heula nya sakedap, istirahat, capé kénéh lain?”

Urang tiluan ngucap Hamdalah babarengan. Euweuh mobil, béca gé jadi.

“Omat! Ulah agul! Kudu silih asih silih asah silih asuh.” Pépéling si Aki pas Urang tiluan arék mangkat paké bécana.

***

Ani nyarita di jero béca, mun si Aki nyaéta bapa angkatna nu nitipkeun Ani di panti asuhan sabab teu sanggup ngabiayaan hirupna.

“Kumaha, San, masih kuat?” Nanya Urang ngagorowok ka si Ihsan nu terus ngagoés béca, sedengkeun Urang jeung Ani jadi penumpangna.

“Urang kudu leuwih kuat ti iyeu, aya nu leuwih keren ti Wanayasa, Din.”

“Naon tah?”

“Keliling dunia!” Si Ihsan bari ngagorowok.

Keliling dunia? Teu kapikir pisan ku Urang mah ti awal tiluan bolos ti panti asuhan babarengan gé. Ani mah cengengesan bari jeung isin-isin.

“Ihsanudin, émangna Wanayasa béh mana Sumedang?”

“Kumaha sia wéh, Imanudin!”

***

Related Articles

1 Comment

Avarage Rating:
  • 0 / 10
  • ScarletLetter , 17 Agustus 2021 @ 10:07

    Punteun, ngiring ngalangkung. Ngiring nyakseni dadambelan pun rencang~

    Hmm.. wilujeng kang asep, alhamdulillah nambihan karya. Sakieu mah tos sae 🙂

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *