Layung

Illustrasi : halamansembilan.com

Carita – Ngintip rasa anu geus salawasna ingkah. Kuduna kuring geus pageuh geugeut yén salawasna bener ingkah. Gening can puguh salawasna ingkah.

Kuring ngintip di rohang-rohang layung anu keur cindeluk di luar. Sanajan serab ngintip rasa anu guguluntungan, kuring teu wasa ninggalkeun layung.

Kaintip dina rohang-rohang layung anu nyipratkeun potrét dirina. Kacipta béngras manéhna anu kungsi maneuh dina manah. Em, bet asa dibébénjokeun ku pamohalan.

Manéhna lir ibarat layung anu datang méré kaéndahan, teu lila tuluy ngaléos taya haréwos. Kuring seuri ipis nyengseurikeun anu keur diintip. Bener ceuk implengan, layung lalaunan ninggalkeun kuring.

Anu gugulantungan milu ngaléos, ngaléos taya haréwos. Kari sakeclak rasa anu ditinggalkeun. Rasa anu nepi ayeuna can kungsi ingkah. Rasa anu geus kudu salawasna leungit. Kudu. Hanjakal, kuring kabéngbat deui ku nu gugulantungan.

Kuring baluweng ngintip anu geus ngaleéos. Ngimpleng anu ngaléos datang nyampeurkeun deui. Dalah, ari diri teu sadar diri.

Reup poék nyusur panto bumi. Kuring sakur nangkeup harigu nyawang anu ngaléos. Teu lila, kalah peureum di handap angkebna lalangit peuting.

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *