Nu Geus Teu Ngajati

Ilustrasi: (Pinterest/deviantart.com/MarcelloHolanda)

Carita – Saban peteng nyorang di satengahing peuting, mawakeun rupaning kasimpé nu nyeleceb kana manah. Euweuh basa nu kakedal, ukur aya hariring nu nyaliksikan kana ceuli.

Lalaunan, sora éta ngalanglayungkeun pipikiran. Kuring geus jiga keur di alam nu teu asa jeung jiga. Bet asa baluweng kacida. Najan raga keur diuk disagigireun parupuyan, rosa mah keur kumalayang di antara béntang-béntang nu paanggang.

Rék incah, geus puguh euweuh alesan. Rék unggah, komo deui. Heueuh da rék ka mana barina gé. Kapanan keur nganti. Enya ngadagoan manéhna nu rék nyimpang sakedapan babarengan jeung janari leutik.

Rus-ras téh bet kapireng paroman manéhna. Nyurucud deui waé cipanon téh. Teuing, padahal mah teu hayang ceurik kuring téh. Tapi duka ku naon ujug-ujug merebey wé cikahuripan na panon téh.

Antukna mah kuring nyuuh kana jungjukutan nu kadiukan. Ngeclakna pirang-pirang cai ti saban juru panon, babarengan jeung ibun nu ngageuleuyeung dina dangdaunan.

Janari geus kaliwatan. Srangéngé lalaunan geus meletékeun manéh di satukangeun gunung. Tapi angger, manéhna euweuh nyimpang. Manéhna ingkar kana jangjina. Sanajan geus saban peuting ditungguan gé tetep euweuh nyampak.

Kadon kareungeu unghak-inghak nu ramisak wé di palebah tangkal caringin. Tapi bet asa apal kana sora hariring ceurikna téh. Heueuh bener, kuring apal éta sora manéhna. Moal salah deui.

Dijieun Ku: Imanudin Abdurohman

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *