Ngeunteung

Ilustrasi: (Pinterest/twitter.com/novelicious)

Carita – Tina saban keclakna cikaracak kana batu, babarengan jeung éta rosa tagiwur beuki ngaronghéap dina ati. Gugurinjalan lir tatapakan nu pinuh ku karikil.

Sagala kapeurih ngahiji jeung kacapé. Namung, kuring can kungsi pinanggih jeung perkara nu matak nyinglarkeun sagala kacangcayaan.

Kitu deui jeung sagala kamelang, euweuh waleran nu kakedal. Euweuh basa pikeun nétélakeun ogé. Ngadon ratug. Juntrungna mah malah simpé nu ngaganggayong deui. Kitu, jeung kitu.

Teuing kuring nu teu tumarima, duka teuing lantaran teu apal ka nu ngajati. Heueuh da kapanan kaleleban téa. Asa na téh bet euweuh nu kapireng-pireng acan. Poék mongklék sajeroning panonoban deudeuh gé.

Sapanjang naratasan jalan pangancikan sangkan mibanda ka teu ngartian, antukna mah euweuh nu pinasti.

Nalika kuring paamprok jeung diri kuring nu lianna dina eunteung, sakabéh katagiwuran kasampak. Sanajan euweuh basa nu kakedalkeun, tapi kuring geus surti. Saban perkara nu karandapan, muasal ti nu ngajati. Euweuh itu, euweuh ieu. Komo deui éta.

Heueuh, kuring kakara ngarti. Sagala katugenah jeung kasimpé, diri kuring sorangan nu jadi cukang lantaranna.

Editor: Imanudin Abdurohman

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *