Kacangcayaan

Ilustrasi: (Pinterest/movingmyself.deviantart.com)

Carita – Can kaitung lila kuring babarengan jeung manéhna mah. Tapi, sagala rupana geus karasa tumaninah pisan. Sanajan réa perkara, sanajan réa piomongeun, moal dipaliré salila geus matri kana ati sanubari mah.

Lalaunan, wanci nitihan saban wanci nu can kasungsi. Dibarengan ku silih bagantina gambaran sapanjang rénghap nu teu pati diropéa. Aya sakum perkara nu ngeteyep rarobah. Boh éta sacara gamblang, atawa sacara ukur rarasaan wungkul.

Teu ieuh kuring gé kapeung mah sok ngarosa aya pirang-pirang nu geus teu ngamangrupa deui, pokonamah asa geus teu asa jeung teu jiga wé. Heueuh meureun jigana mah pédah kiwari geus lain bihari deui.

Kitu deui jeung manéhna, majarkeun mah kuring nu robah téh ceunah. Heueuh tungtuna mah jadi pasalia. Kuring ka kidul, nyanéhna ka wétan. Moal matak amprok salila pada cangcaya mah.

Beuki deui, nalika kuring geus teu ngamangrupakeun kuring sorangan, manéhna ngadon teu bisa narimakeun. Cénah, manéhna teu suka mun seug kuring jadi kitu jeung kieu. Orowodol, padahal mah kuring mah ngan nurutkeun kahayang manéhna sorangan.

Teu ieuh aya pananya kuring kumaha-kumaha na mah, manéhna mah ngadon jongjon wé nalingkeuban dirina sorangan.

Heueuh bener cék batur gé, sanajan kuring geus ngarobah sagala rupana, salila ti manéhna masih aya kénéh kacangcayaan mah tug nepi ka adug-adugan gé moal matak bisa ditarima. Ngadon ngadoréksakeun diri sorangan nu aya.

Dijieun Ku: Imanudin Abdurohman

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *