Dituturkeun Balébat

Carita – Sabada ririncikna hujan geus teu pati teuing naratasan saban suhunan, aya sakum genclang nu kasampak dina jangjalanan. Cileuncang bangun rék ngeunteung, ngawaruga kana béntang.

Ti palebah kulon, aya nu ujug-ujug nyengceling. Katumbiri keur némbongkeun manéh di sagigireun layung. Éndah kacida, matak ngajongjongkeun nu keur kalanglayung.

Namung, di satukangeunanana, aya pirang-pirang peteng nu rék mapaés peuting. Méga mendung bangun silih awahan rék nyileungleuman kacangcayaan.

Saheulaanan, saban katagiwuran jeung katugenah, ujug-ujug ngariung mungpulung deui jiga bihari. Sugan mah patepang sono wé jeung panonoban deudeuh kula téh.

Bet kapireng deui sagala paripolah mangsa lawas nu geus kungsi kaperuhkeun. Réa nu hantem minangsaraya, malah mandar ngabangbaluh na imeutan. Heueuh, geuningan sakum rosa nu geus kakubur na corétan téh taya juntrungna. Antukna, simpé nyorang deui di sagigireun tingtrim.

Kungsi baheula aya paniatan pikeun ménta hampura ka nyanéhna. Tapi can kalakonan waé. Éra atuh da. Geus teu kaétang paripolah jeung babasan nu salah mah.

Nalika kuring geus ngabuleudkeun paniatan, manéhna kaburu ngahyang. Duka teuing ka mana. Cék béja mah keur nyorang rohang-rohan nu can kasungsi ku manéhna.

Antukna, sagala katugenah jadi tumaninah nyileungleum na ati. Sanajan adug-adugan meruhkeun, tetep teu bisa kasinglar. Ngadon ratug.

Saban poé, saban peuting, teu weléh ditutur-tutur balébat manéhna.

Ku: Imanudin Abdurohman

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *