Di Sahandapeun Pirang-pirang Cai nu Ngaririncik

Ilustrasi: (Pinterest/untamedstreet.com)

Carita – Kasorénakeun, langit keur kueum-kueumna. Kasampak méga mendung keur silih antay narutupan sababaraha petak nu masih béngras. Reup wé, ujug-ujug peteng sakulibekna.

Sora angin ngahiliwir rada semu tarik. Kareungeu sora bedug nu keur ditakolan di salasaran méga. Brét, pirang-pirang cai ngarigel, teu ieuh ti antarana loba nu tikoséwad labuh ti kahyangan ka alam dunya.

Saban keclakna cikahuripan, ngunggahkeun saban tatanén nu geus lalayu sekar. Teu wungkul kitu, sakum jati nu kasilih ku junti gé jadi kageuing.

Nalika ririncikna hujan nitihan kana sirah, caina ngerembes asup kana ati pangleutikna. Bet kapireng sagala katagiwuran. Taya nu bisa dibalukarkeun, ukur cipanon nu ngedalkeun pamaksadanna.

Kuring nyuuh kana jujukutan nu geus téréh kakeueum ku cai hujan. Awak bet asa teu daya jeung upaya sangkan bisa incah. Ngadon nangkarak disahandapeun pirang-pirang cai nu ngaririncik beuki ngagebrét.

Heueuh barina gé kuring mah geus teu boga panuju deui. Matak, jeun teuing neuleumkeun manéh wé na caah nu bakal nyorang. Sugan atuh bisa palid ogé jeung sagala katugenah na ati.

Paduli béh teuing awaking rék ngabugang juntrungna. Saacnna gé geus aya nu miheulaan jadi bangkarak. Salasaran harigu geus ngarandapan lalayu sekar nalika manéhna leuwih milih miheulaan indit.

Dijieun ku: Imanudin Abdurohman

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *