Bisa Naék Teu Bisa Turun

Illustrasi : id.pngtree.com

Wasunda – Pasosoré, Si Jaki ngajak kuring ngala kérsen. Kérsenna mémang geus bareureum euceuy. Manéhna teu wanieun ari sorangan mah.

Tangkal kérsen téh teu jauh ti imah si Jaki. Barudak nu lianna ogé sok ngahaja ngarala kérsen ari geus mangsana asak mah.

“Jal, hayu kérsen geus arasak” ceuk Jaki.

“Ayeuna?” tanya kuring.

“Heueuh da geus méngkol panon poé” témbal Jaki.

Kuring ngingkig indit jeung si Jaki. Si Jaki teu wani kakalacatan sorangan. Dinu naékna ogé, teu wani nepi luhur. Jadi kuring wé ieu mah anu meunang loba téh. Si Jaki purah ngumpulkeun.

“Dieu! wani teu ka luhur?” tanya kuring.

“Waniiii!” témbal Jaki.

Si Jaki ngawanikeun manéh nyusul kuring ka luhur.

Manéhna pepereket nyekelan. Panonna geus rurat rérét ka luhur ka handap.


Sanggeus meunang loba, kuring ngajak si Jaki turun.

“Ki, hayu turun. Geus meunang loba” ceuk kuring.

“Sok manéh heula turunna” témbal Jaki.

Kuring turun pangheulana. Si Jaki di luhur tangkal kérsen kénéh. Pok téh manéhna ngomong.

“Jallll.. urang teu bisa turun. Kumaha ieu?” ceuk Jaki semu kasieunan.

Kuring sakur bisa nepak tarang.

“Euh atuh ari nyaho teu bisa turun mah tadi téh ulah milu naék. Kéla urang ngageroan heula si Abah” ceuk kuring.

Kuring gura-giru nyusul bapana si Jaki.

Barang kasampak balik deui jeung si Abah, si Jaki ditempo téh keur jongjon wé dahar kérsen di luhur.
“Naa.. ari manéh Jakiii” gerentes Abah bari gogodeg.

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *