Cagar Budaya “Leuweung Sancang” Nu Kudu Dipupusti – Wasunda

“Garut kota Intan”. Kota nu beunghar ku kaayaan alamna. Unggal nyebutkeun Kota Garut, pasti anu biasa dipikawanoh téh Cipanas atawa Santolo. Padahal ceuk Ki Silah basa méméh indit ka basisir laut “mun ka wilayah Garut henteu sindang heula ka cagar alam Sancang, lir ibarat indit ka Mekah henteu sindang heula ka Madinah. Matak panasaran! Sabab di ditu loba pisan tempoeunana, titinggal budaya karuhun urang, obyék sajarah jeung pariwisata nu langka kapanggih di kota séjén.”

Pikeun urang sunda sorangan, ngaran “Sancang” téh geus teu bireuk deui, lantaran katelah tempat ngahiyang atawa tilemna Sri Baduga Maharaja Prabu Siliwangi. Loba nu percaya ogé yén di leuweung sancang téh aya maung anu mangrupa jirimna Prabu Siliwangi, kaasup tempat keur ngélmu dunya atawa kanuragan. Nepi aya Sancang hiji nepi Sancang salapan gumantung tingkat ngélmuna.

Kiwari ku ayana parobahan jaman, Leuweung Sancang teu geueuman deui kawas baheula. Loba nu ka Leuweung Sancang saukur keur pakansi teu mikiran tetekon nu nyampak. Kiwari geus mimiti leungit caritaan sajarah yén leuweung sancang téh kudu dipupusti, kaéléhkeun ku égo jelema anu tara boga rasa puas ti dirina.

Numutkeun SK Menteri Pertanian No.370/Kpts/Um/6/1978, Leweung Sancang ditetepkan minangka cagar alam tahun 1978 anu legana 2.157 hektar. Kiwari leuweung sancang geus leungit kaaslianana. Padahal, Leuweung Sancang miboga kabeungharan anu diantarana plasma nutfah jeung ekosistemna timimiti karang laut, padang lamun, nepika mangrove.

Teu saukur eta, sababaraha karuksakan di Sancang ogé ngabalukarkeun kahirupan sasatoan nu aya di Leuweung Sancang. Saperti, macan tutul (Panthera pardus), banténg (Bos sondaicus), uncal (Cervus sp.), ogé merak (Pavo muticus) di daérah konservasi di Jawa Barat téh ngurangan jumlahna.

Nginget sababaraha taun katukang, kondisi Cagar Alam nurun alatan sababaraha faktor, salah sahijina polah manusa. Sasatoan jeung tutuwuhan anu langka, éndemik, tur éksotis nu aya di Leuweung Sancang jadi panonoban jalma nu teu tanggung jawab pikeun di éksploitasi jadi hasil budaya pamoroan.

Sanajan kitu, teu sautik ogé jalma anu boga rasa nyaah keur mupusti jeung ngajaga alam di Leuweung Sancang. Loba lembaga atawa organisasi pecinta alam anu satékah polah pikeun miara kaayaan alam hususna di Leuweung Sancang.

Contona kagiatan Sancang Conservation Service Camp di Cagar Alam (CA) Leuweung Sancang, sakumaha nu dicutat dina Mongbay Indonesia, éta kagiatan téh diantarana melakeun binih mangrove jinis Rhizophora spp pikeun ngariksa lingkungan di basisir. “sabenerna ku cara ieu bisa ngurangan ayana bencana. Sabab tibatan ngabebener deui alam nu ruksak, mending nyingkahan ti anWsunaggalna,” ceuk Asep salaku Relawan Semesta Hijau Dompet Dhuafa.

Sakumaha anu disebutkeun ku karuhun urang “Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak.” Salam lestari!

Simpang, Cibalong, Kab. Garut. Foto/agungapryann

Penulis: Agung Apryan