BINGUNG??? – Wasunda

Foto: ilustrasi orang sedang kebingungan menggunakan blazzer hitam.

Dina hiji wanci, nyi Iteung keur napian béas di lawang panto dapur. Guarkeun béas na nyiru, tuluy dipilihan sérah anu teu kungsi kapiceun pas ngasakeun béas di heuleur Kan Darman. Geus kitu, tuluy nyi Iteung ngisikan béas jang nyuguhkeun sangu ka salakina anu keur nyiar pagawéan.

“sampurasun.” Sora Si Kabayan balik ti panyabaan.

“rampés.” Tembal nyi Iteung ti dapur. “kumaha kang, hasil?” nyi Iteung langsung nanya bakatning ku panasaran.

“ah, kitu wé nyi. Apal sorangan hésé nyiar pagawéan keur situasi korona kieu mah gening.” tembal si Kabayan sabari gék diuk dina dipan handapeun janela dapur.

“ah angger wé kang, édék aya korona atawa euweuh tetep hésé néangan gawé mah.” Ceuk nyi Iteung. Leungeunna teuari ngasurkeun suluh kana jero hawu sangkan béasna gura-giru asak jadi sangu.

“nu matak, kudu kamana jeung kumaha atuhnya, nyi? Geus bingung akang mah.”

Nyi Iteung ngarasa prihatin, manéhna nyampeurkeun salakina anu keur ngangin handapeun janela.

“kang ku jaman kiwari mah anu penting teu géngsi, pasti aya hasil. Gawé naon wé, anu penting halal kang. Tuh contona Jang Sasmita, manéhna lulusan sarjana tapi teu éra gawé jadi tukang béca. Tah éta salaki anu tangung jawab ka keluarga mah.”

“euh, piraku atuh iteung kuring kudu jadi tukang béca ogé.”

“nya teu masalah atuh kang, anu penting halal. Jang Sasmita gé ayeuna geus boga lima belas béca, tungtungna beunghar pan ayeuna mah.”

“heueuh, kapan mun hayang narik béca téh kudu ngamodal heula. Kuring téh bakal butuh duit jang meuli bécana heula, piraku kudu nyéwa mah? Atuh béak ku nyéwa duit téh.”

“emh, kréatif atuh Kabayan. Enya ogé urang téh jelema bodo, tapi ulah bodo-bodo teuing atuh. Kudu indopatip alias bisa nyiptakeun solusi anu anyar, komo lamun béda tibatur mah.”

“inovatif meureun maksudna mah. Kumaha carana?” si Kabayan nanya.

“gampang atuh. Yeuh Kabayan, ayeuna téh keur usum anu ngojeg tapi onlen. Tah manéh ulah éléh, kieu carana.” Nyi Iteung nyingkilkeun baju sabari ngadeukeutan si Kabayan anu ngaregepkeun ucapan anu bakal di ucapkeun ku nyi Iteung. “pikeun samentawis mah, sateu acan gaduh béca nyalira. Akang muka jasa jujap jajap barang atanapi jalmi.”

“nyaho kuring téh teu boga motor, dék ngajajap kumaha ari euweuh motorna mah Iteung.”

“gampang, unggal aya jalmi anu pesen ku akang bisa di gandong heula dugi ka tujuan. Upami hoyong rada tarik akang kantun ngagandong sabari lumpat. Aman kang, bebas macet jeung polusi udara, ngahémat oksigen deuih. Tah engkv upami artosna geus ka kumpul kakara meuli béca.”

“emh, gusti teung teuingeun boga pamajikan téh. Naha teu téga manéh ningali salaki kuncad-kincid kaditu kadieu sabari ngagandong jelema? Tah anu kieu, jelema anu teu boga rasa kamanusaan téh.”

“éh, nya teu kunanaon atuh kang. Anu penting artosna halal. Ulah éleh ku kuda, kuda ogé kuncad-kincid kaditu kadieu teu burung lintuh jeung seneng wé hirupna.”

“heug Iteung, ti mimiti isuk kuring dék gawé purah ngagandongan jelema. Ngan ulah kaduhung lamun isuk kuring balik, suku kuring tingal lima sénti. Capé deuleu.”

“heueuh atuh da lamun teu kitu, kumaha deui?” tembal nyi Iteung anu bosen nyinghareupan si Kabayan.

“geus ah, lila-lila setress kuring ngobrol jeung manéh.” Si Kabayan indit kaluar imah, sabab ngarasa aral ku pamajikanna. Atuh nyi Iteung kalah jamedud sabari nuluykeun pagawéanna.