Basa Indung Urang – Wasunda

Komunikasi antara indung jeung anak kadang-kadang henteu  dikedalkeun ku baham hungkul, tapi ku kereteg haté ogé. Nya ngan nu jelas mah éta komunikasi téh tetep ngagunakeun basa anu mimiti dipikawanoh ku budak, nya éta basa indung téa. Ku kituna, écés pisan basa indung téh basa nu penting pisan.

Dina basa Sunda aya paribasa anu nuduhkeun yén basa téh kacida pentingna, diantarana nya éta “hadé goréng ku basa”, “basa téh cicirén bangsa”, atawa “leungit basa musna bangsana” jeung réa deui. Ku kituna katiténan, yén gunana basa téh kalintang pentingna keur hiji bangsa boh dipaké  alat komunikasi sasama boh digunakeun keur ngabeungharan ajén kapribadian.

Basa Indung. Tegesna basa nu digunakeun ku kolot. Keur nu “indungna” urang Sunda nya basa Sunda basa indungna. Nya sakuduna ogé  barudakna ogé bisa  basa indungna. Der ieu mah, karék gé lalajo drama Korea sakali, langsung budakna nu leutik kénéh dijejelan eommawa appa lainna abah ambu. Urang Singaparna karék gé ulin ka Singapura balikma budak nu orok kénéh langsung diwarah ku yes no yes no! Lain teu meunang, tapi mémang teu payus. Asa can pernah kadéngé urang Koréa ngahariring “Néléngnéngkung-néléngnéngkung, geura gedé geura jangkung, geura sakola sing luhung, geura makayakeun indung” ka budakna.

Hartina, minangka urang Sunda anu miboga basa indung nya éta basa Sunda kudu bisa ngajaga, ngariksa jeung ngajarkeunana. Tangtos, dina jaman modern, globalisasi, kamajuan IPTEK jeung budaya saperti kiwari urang téh dipaksa bisa basa Nasional (Basa Indonesia) jeung basa Asing. Tapi sabisa-bisa éta hal téh lain jadi ékol urang keur ngapilainkeun basa indung urang (basa Sunda) nu kacida pentingna. Malah mah UNESCO geus ngawajibkeun yén budak kudu meunang atikan dirina ku basa indungna, nepi ka 21 Februari téh dijadikeun Hari Bahasa Ibu atawa poé basa indung.

Tangtosna, nu matak urang Korea ngadidik budakna ku basa Korea, lain ku basa Jepang téh lantaran sadar kana mangpaatna basa indung. Lain hartina basa Korea leuwih alus. Kitu ogé urang Jepang teu ngajarkeun budakna ku basa Indonesia, lain hartina basa Jepang leuwih hadé keur ngadidik budak. Tah urang ogé ngadidik ngatik budak urang ku basa Sunda téh lain hartina basa Sunda leuwih luhung ti basa nu lianna. Basa mah sarua waé, atuh ari sarua naha urang kudu kabita ku basa séjén salian ti basa indung urang (basa Sunda)?

Penulis: MW. Bahari