Arti Ngaran ti Jalan Inhoftank – Wasunda

Foto : Iman Setiawan

Kantos ka Jalan Inhoftank? Pami urang Bandung mah jigana Inhoftank tos janten pangliwatan. Margi jalan ieu téh bisa kasebat caket kamana-mana. Ti Jalan Soekarno Hatta (Bypass) katingal ieu Jalan téh. Ogé ti Tegalega, pas pengkereun Museum Sri Baduga téh éta tos lebet ka Jalan Inhoftank.

Dumasar ti sababaraha hiji informasi, Imhoftank atawa Inhoftank kapungkur mah nyaéta pabrik nu ngelola limbah rumah tangga di Bandung. Hasil produksina nyaéta gas. Jadi lamun aranjeun ngaliwat Jalan Inhoftank, pasti ninggal saluran-saluran sapertos solokan ageing atanapi téngki-téngki. Tah éta téh kapungkur mah bener-bener dimangpaatkeun Inhoftank ieu téh.

Naha beut Inhoftank? Jadi kapungkur di jaman Hindia-Belanda aya hiji insyinyur sipil nu lahir di Berlin, 7 April 1876, Karl Imhoff. Anjeunna kasohor janten perintis olahan limbah cai sareng penulis ti sababaraha buku téknik. Imhoff nyiptakeun hiji idé, diantawisna nyaéta mékanisme aliran sareng prosés ngolah sédiméntasi nu aktif. Nu matak anjeunna bisa ngolah limbah jadi gas métan nu dianggo kanggo beus-beus sakola kapungkur.

Di sisi nu sanés, nini kuring, Ibu Sumarni tos ti tahun 1970-an ngadamel bumi didieu, pasna di Jalan Blok Désa. Ngan ai kapungkur mah daérah nu tos padet ku imah-imah sareng wangunan ieu téh pasawahan. Pasawahan sareng daérah ieu téh ngan dipigaduh ku hiji jalma. Salah sahiji Radén nu hilap nami pastina.

“Kurang leuwih tahun 1970-an téh Blok Désa Inhoftank téh pasawahan, ti rumah Ibu ka arah Tegalega téh kaciri, ayeunamah pédah seueur imah jadi nya katutupan,” saur Ibu Sumarni saatos diwawancara langsung (15/7/2020).

“Harita mah Ibu mésér tanah ieu téh ka Tuan Tanah nu gaduh sa-blok-désaeun asanamah, da pokonamah Tuan Tanah na téh radén wéh” lajengna

Anjeunna gé kantos ngajar janten guru di hiji sakola daérah Inhoftank nu dugi ayeuna aya kénéh. Nyaéta SD Dwikora, éta SD téh kapungkur mah aya hiji téngki pamiceunan nu fungsina dianggo janten pupuk atanapi biogas. Jadi kapungkur mah da aralim sakola didieu téh pédah bau kokotor nu aya di téngki meureun.

“Jadi di SD Dwikora téh kapungkur mah aya hiji téngki atau wadah pamiceunan, éta téh fungsina bisa dijadikeun pupuk atawa biogas,” saur Ibu Sumarni

“Da pas Ibu ngajar di Dwikora téh arembung arasup ka sakola Dwikora da pédah bau,” lajengna

Ayeuna mah Inhoftank jadi jalan jiga jalan umum biasa. Pinuh ku wangunan mangrupa imah, took, masjid, jsb. Tapi di sisi éta, jalan ieu jadi sajarah yén baheula daérah ieu mangpaat pisan kanggo kahirupan.

Sumber:

Ngaleut Inhoftank, 01.12.13

https://rgalung.wordpress.com/tag/inhoftank/