Arsitéktur Unik Imah Tradisional Urang Sunda – Wasunda

Sumber: yuksinau.id

Sadaya daérah di Indonesia ngagaduhan kaunikan séwang-séwangan dina arsitektur imah tradisionalna, jeung geus pasti boga maksud jeung harti tina masing-masing imah éta. Kitu ogé urang sunda lamun nyieun imah, sok sanajan unggal daérah bentukna  béda-béda tapi dina pada umumna arsitéktur imah urang sunda bentukna imah pangung. Tujuanna nyaéta supaya aman tina marabahaya anu bisa ngancam anu boga imah, contona tina ancaman sato, banyir, angin jeung lini.  Salianti éta, supaya sirkulasi angin bisa lancar.

Kréatifna urang sunda, kolong imah ieu sok dimanfaatkeun jang kandang hayam atawa sato piaraan lainna. Bisa ogé dipaké kanggé tempat nyimpen pakakas, suluh jeung sajabana.

Aya sababaraha tipe imah tradisional urang sunda anu dumasarna kana bentuk suhunan, ciri-cirina dianatarana nyaéta: jolopong, parahu kumureb, julang ngapak, badak heuay, tagog anying jeung capit gunting.

Anu kahiji suhunan jolopong, nyaéta sebutan imah anu bentuk suhunanna manyang ka gigir. Bentuk suhunan jolopong ieu boga dua atap anu dipisahkeun ku suhunan anu tengah. Ukuran panyang batang suhunan anu tengah jeung dua sisina sarua.

Imah anu maké suhuanan jolopong ieu boga sababarahi ruangan. Ruangan anu paling hareup sisebut émpér atawa téras imah, dijerona aya pangkéng atawa kamar jeung dapur. Ruangan dideukeut dapur sok aya padaringan atawa tempat jang nunda béas atawa pakakas kebon lainna. Ruangan anu paling hereup disebut tepas, ruangan ieu sok digunakeun jang narima sémah.

Bentuk imah anu suhunanna jolopong biasana aya di daérah Garut, tepatna di Kampung Dukuh.

Anu kadua suhunan parahu kumureb, nyaéta sebutan kanggo imah anu arsitektur suhunanna sapertos perisai. Masarakat nyebut parahu kumureb kusabab suhunanna sarua eujeung parahu anu tibalik.

Jenis suhunan parahu kumureb ieu boga opat bagéan utama, nyaéta dua bagéan di hareup jeung  tukang bentukna trapésium. Bagéan sisi katuhu jeung kéncau bentukna segi tilu. Imah anu suhunanna kieu biasana aya di daérah Ciamis, tepatna Kampung Kuta.

Anu katilu suhunan julang ngapak, nyaéta sebutan kanggo imah anu bentuk atapna sapertos jangjang manuk anu keur ngapung. Biasana anu hareup sok dipaké panto tepas, anu tukangna dipaké jalan dapur. Daérah anu maké suhunan seperti kieu biasana aya di Kampung Dukuh Kuningan jeung Kampung Naga Tasikmalaya.

Anu kaopat suhunan badak heuay, nyaéta sebutan kanggo arsitéktur suhunan imah anu bentukna saperti badak keur calangap. Imah anu maké suhunan badak heuay ieu boga dua suhunan, anu hiji gedé, anu hiji deui suhunan leutik. Bagéan suhunan anu gedé biasana jang ruangan anu tukang sedengkeun suhunan leutik digunakeun jang ruangan hareup. Biasana imah anu maké suhunan kieu aya di daérah Sukabumi.

Anu kalima suhunan tagog anying, nyaéta sebutan kanggo imah anu bentuk suhunan bentuk segi tilu dihareup. Bentuk suhunan anu kieu mirip jeung anying anu keur diuk. Daérah anu nggunakeun suhunan saperti kieu biasana aya di Garut.

Anu kagenep suhunan capit gunting, nyaéta sebuatan kanggo imah anu tungtung suhunanna nyilang siga gunting. Baheula suhunan anu kieu bentukna disebut undagi.

Bentuk suhunan jenis undagi ieu sederhana tapi boga estetik anu unik jeung aya sababaraha daérah di Indonesia anu bentukna siga kieu. Tangtu boga maksud jeung tujuanna masing-masing.

Editor : Muhamad Hasanudin